01 September 2020

Usép Romli jeung Modernisasi


Ku: Cecep Burdansyah

Mun nilik lalampahan hirupna, Usép Romli HM (1949-2020)--kang Usép, kitu kuring nyebut ka suargi--lain tipe urang Indonesia sakumaha anu digambarkeun ku Mochtar Lubis dina Manusia Indonesia.

Kang Usép lain tipe jalma anu ngudag-ngudag jabatan jeung lélétak ka dunungan sakumaha karéréanana urang Indonesia dina sawangan Mochtar Lubis. Jadi mun aya nu nyebutkeun Kang Usép mirip Ajip Rosidi atawa Ali Sadikin, merenah waé.

Kaasup jalma langka. Teu kabita ku jabatan jeung ludeung paséa. Poksangna nu matak kayungyun téh deuih.

Da enya langka atuh urang Sunda nu ludeung paséa. Paséana lain dor-dar teu puguh marebutkeun paisan kosong siga tatangga marebutkeun kabogoh, gara-gara budak atawa alatan panasbaran, tapi paséa ideu, kontra pamanggih jeung nu séjén.

Mun Kang Usép tipe héroy ku jabatan, tangtu basa diangkat tina guru SD jadi kepala séksi di Dinas Pendidikan Kebudayaan Provinsi Jawa moal ditinggalkeun. Taun 1980-an mah, jaman Orde Baru ngabibita rayat ku harta jeung jabatan, apan sakitu paboro-borona hayang boga jabatan téh.

Komo deui di lével provinsi. Cacak ukur boga jabatan di Dinas Pendidikan tingkat kacamatan gé, beu, agul jeung adigungna jaman harita, sugan mah raja wé. Pangna apal lantaran pun bapa guru. Keur mah loba babaturan jadi guru deuih. Jadi apal dongéngna kumaha guménakna nu baroga jabatan.

Ku Kang Usép jabatan bergéngsi téh diécagkeun. Der ngablu asruk-asrukan ka pilemburan ngadon jadi wartawan. Tulisan jurnalistikna boca ciri nu mandiri. Haat nulis jalma-jalma leutik anu tagen ngayonan hirup anu pohara beuratna. Jalma-jalma leutik anu henteu gampang ngangluh ku bangbaluh.

Genah jeung betah macana. Di antara tulisan Kang Usép nu napel nepi ka ayeuna, ngeunaan tukang ngaput di sisi jalan. Asana di Pasar Baru, tungtung Jalan ABC. Onjoyna Kang Usép minangka sastrawan, nulis jalma leutik henteu sakadar réportase salancar (liniér), tapi dipiguraan ku émpati. Nepi ka nu maca ngarasa sanasib jeung sakapeurih.

Manakomo mun nyanghareupan lebaran, tulisan Kang Usép beuki remen muncul di Pikiran Rakyat. Hawa lebaran anu paboro-boro balanja baju anyar jadi kontras jeung kahirupan jalma laleutik samodél tukang ngaput téa.

Resep aprak-aprakanana kaanteur sabada remen ngaliput obyék wisata nu dikokolakeun ku Perhutani. Nu inget kénéh, tulisanana ngeunaan uncal di Rancaupas.

Méh saban reportaseuna teu weléh aya poto. Hartina Kang Usép boga kaparigelan motrét ku kaméra analog. Da harita mah can usum digital.

Rada kaharti jalan pikiranana naon sababna resep ngaliput leuweung jeung tempat-tempat anu dikokolakeun ku Perhutani. Basa di paméran buku, di landmark Braga, Kang Usép anu tagogna gagah, jangkung badag, raray mirip-mirip urang India atawa Arab, nyarios pertentang pisan.

"Resep kénéh ngaliput ka daérah mencil sabangsaning Laut Jayanti, Cianjur kidul, batan di kota, lantaran salian ti nulis réportaseu, bisa nulis novél kahirupan urang lembur," saurna.

Kabiasaan macana anu hese katuturkeun téh. Sanajan jadi wartawan bari pulang anting Limbangan - Bandung, mun naék mobil umum, salawasna bari maca. Kungsi papanggih dina beus kota jurusan Jatinangor-Cibeureum. Kang Usép badé ka kantorna di Jalan Soekarno-Hatta. Kasampak nuju calik caket kaca bari maca buku.


Matak Kapiasem

Poksangna matak pikayungyuneun. Mun urang teu apal kana watekna, tangtu bakal gagal ngabédakeun antara anjeuna nu nyarios guyon jeung daria. Contona soal ngawayuh.

“Tong sok ngomong soal nyandung ari euweuh kawani mah,” saurna.

Dikedalkeun tara sakali dua kali. Lantaran éksprési antara daria jeung heureuy sami, tara dibarung ku gumujeng, pasti bakal aya nu nganggap cariosanana daria. Rék disebut teu daria, apan anjeuna mah tos kabuktian kawanina deuih. Ěstuning lain surahaneun jalma joré-joré.

Aya deui dongéngna nu matak kapiasem. Saurna, di kantorna ngan anjeuna nu wantun nyuhunkeun artos ka Pa Atang Ruswita, bigbos di Pikiran Rakyat. Nu séjén mah tara aya nu wantuneun.

“Akang mah mun keur butuh, sup wé ka ruangan Pa Atang. Alhamdulillah tara dipersabenan. Batur mah boro-boro aya nu wani,” saurna.

Lantaran matak panasaran, harita ditaros, naha ka Akang mani bageur?

“Da Pa Atang mah apaleun kana kualitas tulisan Akang,”pokna.

Ku saliwatan siga nu sombong. Tapi mun ras kana tulisanana, kudu diaku tulisan reportaseuna di Pikiran Rakyat, mun ceuk pakar Marketing Hermawan Kartajaya mah, boga diférénsiasi. Jadi teu mustahil mun Pa Atang Ruswita kacida ngaaprésiasina. Cindekna, Kang Usép kagungan branding.

Sikepna ka Gus Dur jeung NU gé matak ahéng. Sakaterang Kang Usép téh NU bolongkotan. Malah asana kantos jadi pangurus NU di Garut. Ngan sabada Gus Dur dirorod ti Istana, sikepna ka NU janten robah. Katara tina obrolan politik jeung sababaraha tulisan éséyna.

Kasakit ateul biwir sok tara katahan, kungsi naros, naha Akang sapertos anu sinis ka NU? Sanesna Akang téh NU?

“NU mah bener jaman ketuana Gus Dur jeung Kiai Ilyas,” pokna. Tara dikobét papanjangan, salian ti teu kaélmuan, nu ngadenge cukup ku surti.

Anu robah téh soal pandanganana ka Yahudi. Ti saprak wanoh jeung Kang Usép, mun ngobrolkeun kasusastraan atawa kapangarangan, nyabit-nyabit waé Saul Bellow, pangarang Amérika katurunan Yahudi nu dileler Nobél. Katingal kasengsremna téh.

Padahal harita nu remen disabit ku Duduh Durahman, Rustandi Kartakusumah, Abdullah Mustappa jeung sastrawan Sunda mah kayaning Hemingway, Steinbeck, Saroyan, jeung sastrawan ti Prancis atawa Rusia. Ti Kang Usép pisan apal ka ngaran Saul Bellow nepi ka panasaran hayang maca karyana.

Ka dieunakeun, ti sabada medal kumpulan carpon Jiad Ajengan, Kang Usép tara nyabit-nyabit deui Saul Bellow jeung sikepna ka Yahudi jadi nembrak: ngéwa. Mun geus ngobrolkeun Yahudi, ijidna nataku. Sanajan ari kapinteran urang Yahudi mah tetep diangken, ngan sok ditungtungan ku kalimah kieu,

“Gusti Alloh mah ngahaja nurunkeun umat Yahudi jeung pinterna, ngarah kaciri culasna.”

Tara papanjangan, sakumaha biasa, cukup ku surti.


Nolak Modernisasi

Gurat karyana dina sastra Sunda bisa disebutkeun aya dua wanda. Reljiius jeung modernisasi.

Nu paling ngoncrang tur harus karya-karyana nu merkarakeun modernisasi. Cohagna mah, korban modernisasi. Nu ngalangkang dina karya sastrana sajalan jeung tulisan jurnalistikna nu ngabéla jalma-jalma leutik nu kadempét ku modernisasi.

Ceurik Santri kaasup karya fénomenal nu merkarakeun jalma nu salah kaprah nyorang alam modernisasi. Alur caritana saenyana basajan, tapi problematika, dilema jeung konflikna natrat tur kuat, nepi ka ngajanggélék karakter tokoh anu kuat, pangpangna tokoh Sarip, santri di hiji pasantrén nu kudu narima bantuan ti Gunawan, jalma atéis nu ngarasa pangmodérenna.

Sanajan karampa aya pangaruh novél Atheis karya Ahdiat Kartahadimadja, Ceurik Santri lahir dina konteks Orde Baru keur kuat-kuatna. Sajaba ti ngandung aspék relijius, Ceurik Santri jadi antitésis ka pamarentah Orde Baru nu keur getol-getolna ngabuldoser rayat ku program pangwangunan. Diukur ku jaman harita, kaludeng Usép Romli lain meumeueusan.

Konsisténsi nolak modernisasi manjang dugi ka pupusna. Karya-karyana dina mangsa anjeuna pangsiun tur produktif, keukeuh modernisasi téh salah kaprah lantaran béhna mah ngagunasika hirup urang lembur jeung ngarogahala lingkungan.

Dikontraskeun jeung kearifan lokal, diwakilan ku tokoh-tokohna ti kalangan pilemburan, modernisasi ibarat kajahatan nu ngabinasakeun kamanusaan jeung alam nu sakitu suburna. Tokoh jahat alias modernisasi umumna diwakilan ku urang kota.

Ngan aya bedana jeung Ceurik Santri. Mun Ceurik Santri kuat lebah diléma, konflik, plot jeung karakter tokoh-tokohna, carpon-carponna kadieunakeun salancar pisan, tos teu merhatikeun plot minangka sasahiji éstétika sastra. Carponna jadi mirip éséy anu ngiritik modernisasi.

Mun dina Ceurik Santri nu nyoara téh sora batin tokoh-tokoh samodél Sarip, nepi ka nu maca ngarasakeun kana nu karandapan ku tokoh Sarip, dina carpon-carpon kadieunakeun mah tokoh-tokohna laleungit boh sora batin boh karakterna, nu harus téh sora pangarangna. Antukna carpon jadi leungit éksisténsi sastrana, diperkosa jadi corong pangarang.

Sapeuting di Cipawening (jadi judul kumpulan carpon terbitan Kiblat) kaasup carpon anu henteu puguh plotna. Saukur dialog tokoh kuring jeung hiji ajengan di Cipawening anu ngarasa melang lantaran lembur Cipawening mimiti robah ninggalkeun taliparanti kaséréd ku modernisasi.

Taya konflik, diléma, angot alur carita. Malah sama sakali teu kapapaykeun rék naon si tokoh kuring sapeuting aya di Cipawening sajaba ti ukur ngadéngékeun humandeuarna tokoh ajengan nu melang kana kaayaan lemburna. Logika caritana teu kasusud.

Jiad Ajengan (jadi judul kumpulan carpon terbitan Rahmat Cijulang) kaasup carpon anu saukur dijadikeun alat keur da’wah pangarangna. Beuki jauh ti Ceurik Santri anu kuat diléma, konflik, problematikana jeung plotna, Jiad Ajengan mah lempeng pisan.

Sanajan dina kahirupan nyata teu mustahil aya, ari dicaritakeun salancar mah tangtu jadi matak kerung. Ieu carpon nyaritakeun jalma anu mangtaun-taun gering, ubar-abér ka ditu ka dieu boh ka dokter boh ka dukun tapi teu cageur-cageur. Barang datang ka ajengan terus dijiad, saharita kénéh cageur. Amanat pangarangna minangka juru da’wah écés, urang salaku umat muslim kudu solat.

Pertanyaanana, naha enya jalma anu geringna teu cageur-cageus otomatis cageur ku solat? Lamun enya kitu, moal aya rumahsakit, dokter jeung perawat. Jalma-jalma garering ngadadak calageur cukup dijiad ku ajengan.

Kulantaran Kang Usép nyerat dina wanda realis, lain wanda simbolik, logika carita Jiad Ajengan kaluli-luli.

Buku Jiad Ajengan terbit taun 1991. Sakumaha watekna, Kang Usép kagungan percaya diri anu kuat bari poksang. Harita anjeuna kantos nyarios tur yakin taun 1992 buku Jiad Ajengan bakal kéngéng hadiah sastra Rancagé. Tara ditémpas, ngan ukur ngagerentes dina haté, maenya carpon kitu meunang Rancagé.

Kanyataanana nu kéngéng Rancagé novel Tanjeur di Juritan Jaya di Buana karya Yoséph Iskandar. Kulantaran sok géték biwir, kungsi naros ka Kang Ajip (harita mah juri Rancage tunggal kénéh ku Ajip Rosidi).

“Naha Jiad Ajengan karya Kang Usep henteu kengeng?”

“Teu logis. Maenya aya jalma gering teu cageur-cageur, dijampé ku ajengan langsung cageur,” saur Kang Ajip, tandes. Lantaran ngarasa akur, teu papanjangan ngobrolkeun Jiad Ajengan téh.

Ti saprak tijengkang ku Jiad Ajengan, Kang Usép tara ngobrolkeun deui ngarep-ngarep kéngéng Rancagé sanajan merul karya-karyana. Taun 2010 anjeunna nembé kéngéng Rancagé dumasar karyana Sanggeus Umur Tunggang Gunung jeung 2011 dumasar kana jasa-jasana.

Ciri hasna anu teu leungit tina tulisanana dugi ka pupusna, gaya basana anu angger genah dibacana, pangpangna lebah ngadéskripsikeun pilemburan. [ ]

No comments:

Kang Ajip Sakolébatan…