23 August 2020

Nu Mulang ka Jatiniskala


Ku: Dadan Sutisna

Bari ngahanca buku “Renaisans Sunda” nu diserat ku Teddi Muhtadin, nu ngolébat téh tangtu baé nu dicaritakeun dina éta buku: jirim Ajip Rosidi. Nu kaimpleng téh lain gaya kritik kawas nu dipaké jejer éta buku, tapi kaayaan Kang Ajip ayeuna. Sabada nyorang lalampahan panjang saperti nu kagambar dina karya-karyana, ayeuna Kang Ajip calik di Pabélan, tos sesah angkat-angkatan. Salirana henteu jagjag kawas kapungkur, tapi sumangetna teu kungsi melempem. “Akang keur nulis roman,” cenah, basa Kang Ajip nélépon dina hiji peuting.

Biasana mah Kang Ajip téh pulang-anting ka Bandung—Jakarta—Pabélan keur ngaréngsékeun hanca padamelanana. Basa Kang Yoyon (Moh. Yoyon Sonjaya, 1937—2020) ngantunkeun, Kang Ajip dugi ka ngersakeun angkat ka Bandung. Badé nyerat obituari, cenah, da di Jakarta mah taya bahan-bahanna. Teu tiasa dicaram. Méh sawengi jeput anjeunna macaan arsip, tuluy ngetik dina komputer. Éta tulisan tuluy dikirim ka “Pikiran Rakyat”. Tapi sakaterang mah, nepi ka ayeuna gé ku “PR” teu kungsi dimuat. Duka naon tinimbanganana.

Leuwih ti sataun maturan Kang Ajip mun anjeunna keur di Bandung téh. Biasana kulemna téh di hiji kamar di Perpustakaan Ajip Rosidi. Méméhna mah sok nyalira, tapi ka dieunakeun disarengan ku Ceu Nani (Nani Widjaja). Kitu baé, nganteur upami badé tuang, atawa ngawangkong pirang-pirang pasualan. Sakapeung Kang Ajip sok ngajak néang tapak lacak kapungkur. Kungsi hiji mangsa mah maluruh rumah makan leutik, da baheula taun 1970-an, anjeunna kantos tuang di dinya. Hareupeun Uninus, cenah. Dijugjug téh teu aya, pindah ka wewengkon Ciméncrang.

Ari ayeuna, geus lima bulan, kamar wewengkon perpustakaan téh simpé. Nu kasampak ukur buku-buku, raksukan Kang Ajip katut méja komputer paranti anjeunna ngetik. Saméméh usum sasalad, Kang Ajip miang ka Pabélan. Bumina nu sakomplék jeung perpustakaan dingaranan “Jatiniskala” (dina kosmologi Sunda, “jatiniskala” téh hartina “kagaiban nu sayakti”, panglinggihan Sang Hyang Manon). Ti harita teu angkat ka mamana deui. Eukeur mah usum sasalad, katurug-turug sabada geubis dina paro bulan puasa, Kang Ajip teu tiasa angkat tebih.

Salami anjeunna di Pabélan téh sering pisan tétéléponan. Da kitu apan, teu kaop aya nu ngolébat, sok teras baé nélépon. Ti mimiti perkara carita pantun nepi ka naskah-naskah nu pantes dibukukeun. Kitu pisan, dina kaayaan teu damang, Kang Ajip tiasa kénéh nataharkeun opat-lima judul buku. Boa dina émutanana teu kantos lésot ti dinya, tina buku, tina literasi, tina kabudayaan. Lebah konsisténsi mah sigana tos papada terang, yén gagasan naon baé nu kantos dikedalkeun, kudu dilaksanakeun kajaba engkéna jadi “hutang”. Lebah dinya mah hamo aya nu tiasa nyaram, lantaran tos jadi bagian tina dédikasina kana Sunda jeung kabudayaan.

Pamikiran anjeunna kana kabudayaan tos papada uninga. Balatak dina buku-buku. Tapi sabada ngabandungan Kang Ajip dina sakitu taun, bawirasa réa hal teu katuliskeun ku anjeunna, nu nguruyung tina “rohang bawah sadar” upami anjeunna keur nyarios. Sabada dioperasi jajantung taun 2016, daya émutna rada ngiringan, pangpangna ka nami-nami jalmi, iwal nu bener-bener caket jeung anjeunna. Naon nu dicarioskeun ku anjeunna dina opat taun katompérnakeun, tangtu jadi hal-hal nu penting.

Nepi ka tilu minggu kapengker mah Kang Ajip remen kénéh nélépon. Sakapeung teu aya soraan, sakapeung semu sesah nyarios, sakapeung lancar. Malah aya kalana néléponna téh wanci janari. “Mun rék ngalongok Akang, kirim kécap nu biasa,” saurna.


***

Tanggal 11 Juli 2020, miang ti Bandung téh tiluan, supir katut babaturan ti lembur. Saméméh Ciawi, méngkol heula ka Panjalu, da Dhipa Galuh Purba rék nyuguhan dahar. Nya antukna mah Dhipa gé milu, da cenah balikna rék sakalian milu ka Bandung. Di jalan téh nyalsé wé, mindeng pisan eureun.

Da puguh sumpang-simpang heula, nepi ka Jatiniskala téh ampir tengah peuting—13 jam diitung ti barang indit mah. Geus simpé, Kang Ajip gé tos kulem, nu nyaring kénéh Kang Nundang. Tuluy baé ngawangkong nepi ka subuh.

Kakara nepungan Kang Ajip téh isukna. Ngobrol bari sasarap, tiluan sareng Ceu Nani. Wangkongan téh sabudereun kaayaanana ayeuna, diselang-selang ku nyaritakeun buku, dokuméntasi, kaasup naskah roman nu nuju diserat. Dina méja paranti ngetik ngahunyud pinuh ku beundeul majalah keur bahan seratan téa.

 

***

Cara sasari, mun ka Pabélan téh sok betah di perpustakaan. Niténan puluhan rébu buku nu ngéntép dina lomari. Basa keur motrétan buku, Pa Sarif gugupay ti lawang. “Bapa geubis,” pokna téh. Enya baé mastakana buncunur. Tapi anéhna téh teu katingal nyeri. Malah bada lohor gé tos calik deui mayunan méja makan, dibaturan ku Ceu Nani katut Dhipa. Bari tuang téh Kang Ajip ngobrol soal film, KPI, malah kabujeng kénéh gogonjakan jeung Ceu Nani. Pasosonten anjeunna dicandak ka dokter. Mulih ti dokter katingal jagjag, malah kabujeng kénéh ngajak tuang wengi sasarengan.

Sabada tuang, basa rék amitan mulang ka Bandung, anjeunna calik dina korsi roda. Mayun ka kiblat da badé netepan isa. Disaksian ku réréncangan Kang Nundang, anjeunna nyarios semu dareuda, “Akang nitip dokuméntasi.”

Sihoréng, éta téh cariosan panungtung nu kapireng. Basa di perjalanan ka Bandung, Kang Ajip sababaraha kali nélépon deui. Tapi barang diangkat teu aya soantenna.

Sababaraha poé ti harita, nguping wartos Kang Ajip badé dioperasi. Aya samingguna anjeunna dirawat di Rumah Sakit Tidar, Magelang. Sabada dioperasi, Kang Ajip lebet ka ICU. Ari nembé nampi deui iber, réhna Kang Ajip parantos ngantunkeun.

Seueur kénéh tuliseun mah, Kang. Mung ieu ramo kabujeng ngadégdég. Seja ngintun dunga baé, mugia Akang kénging kabagjaan di kalanggengan. [ ]

No comments:

Kang Ajip Sakolébatan…