21 August 2017

Nyungsi Patempatan Novel Atheis


Sajarah Bandung éstu loba dituliskeun dina buku-buku. Ti jaman Walanda tug nepi ka anyeuna réa deuih penulis nu alihtiar pikeun ngumpulkeun singsakur pustaka anu aya patula-patalina jeung kaayaan anu ngandelkeun katerangan-katerangan narasumber boh lisan boh tulisan.

Anyeuna mah, hususna nu keur mikarep jeung mikaresep bacaan sabudeureun sajarah Bandung, tangtu hamo bireuk kana buku-buku “Sang Kuncén Bandung” Haryoto Kunto saperti Semerbak Bunga di Bandung Raya jeung Wajah Bandoeng Tempo Doeloe. Eta dua buku euyeub pisan ku data kaayaan Bandung alam béh ditu.

Lian ti éta, réa kénéh buku-buku ngeunaan Bandung nu ditulis ku pangarang séjénna. Bari lain waé winangun karya nonfiksi deuih, dalah karya nu sipatna rékaan atawa karya sastra gé bisa disebutkeun balatak ku nyaritakeun kaayaan Bandung téh. Salah sahijina nyaéta buku Atheis karangan Achdiat Karta Mihardja.

Atheis sanajan wangunana karangan fiksi, tapi patempatan nu dijieun kasang carita lolobana di Bandung. Pon kitu deui carita nu ditepikeun saeutik gedéna ngagambarkeun kaayaan Bandung baheula, tegesna dina mangsa Walanda serah bongkokan ku Jepang.

Lian ti nyebutkeun sababaraha patempatan, di antarana waé saperti Jalan Léngkong Besar, Jalan Sasakgantung, Jalan Kebon Manggu, Bojongloa, Alun-alun, jeung sajabana, pangarang gé nembrakkeun kaayaan para nonoman Bandung mangsa harita nu aya patalina jeung robahna pamadegan katut kayakinana.

Geura tokoh utamana, Hasan. Manéhna teh nonoman Garut nu nyiar élmu di MULO Bandung jeung sanggeus tamat sekolah tuluy digawé di Jawatan Air Kotapraja Bandung. Ti leuleutik Hasan dididik ku kolotna sangkan taat kana agama. Teu beurang teu peuting, Hasan diomat-omatan sangkan getol solat jeung ngaji. Atuh carita ngeunaan sawarga jeung naraka gé remen pisan dibalikan deui-balikan deui didongengkeun ku kolotna.

Indung bapana kungsi diajar élmu tarékat di Banten, anu satuluyna hirup dina pamadegan éta. Sapopoé ngajalankeun naon baé anu geus diguratkeun dina jalan tarékat, anu dipiyakin ku maranéhna.

Hiji mangsa basa Hasan geus mimiti boga pagawéan, manéhna nyarita ka kolotna, minangka ménta idin sangkan manéhna milu nalungtik jeung ngajalankeun tarékat nu ku kolotna geus dijalankeun. Asa kagunturan madu karagragan menyan putih, kolotna patingsalegruk bakating ku bagja yén anakna nu dipikanyaah, nu masih ngora kénéh tétéla hayang milu neuleuman bagbagan élmu agama.

Gancangna carita, Hasan ditepungkeun jeung guru tarékat nu baris ngawaris élmu. Dina derna, aya ritual nu kudu dicumponan ku Hasan. Di antarana waé kudu mandi 40 kali di walungan Cikapundung dina jero sapeuting, puasa tujuh poé, jeung kudu ngerem manéh di kamar salila tilu poé. Sanggeus kitu, Hasan panceg dina kayakinana, paréntah agama sasat jadi cecekelan pageuh.

Tapi kituna téh tétéla teu lila. Ari nu jadi cukang lantaranana Hasan tepung jeung Rusli, babaturanana basa sekolah di HIS Tasikmalaya. Rusli téh nonoman nu boga pamikiran jeung pamadegan nu patonggong-tonggong jeung Hasan. Ti leuleutik manéhna kaasup budak bangor, tukang ngaheureuyan kolot-kolot nu keur sarolat di masigit. Ieu pasipatan kabawa nepi ka gedé. Keur mah eukeur didikan ti kolotna saaya-aya, katurug-turug geus sawawa loba campur gaul jeung rupa-rupa jalma, nu boga pamikiran katut ideologi anu béda-béda.

Samalah apan Rusli téh kakolom anggota partéy nu ampir sakabéh babaturanana sapamadegan jeung manéhna, nyaéta ngagungkeun akal dina kahirupan sapopoéna. Pangeran jeung agama dianggap candu nu euweuh dina kamus kahirupan maranéhanana. Manggihan hal ieu tangtu waé Hasan reuwas naker. Salila hirup manéhna kakara pinanggih jeung jalma-jalma nu béda pamadeganana dina sual agama.

Mimitana Hasan aya niat ngada’wahan Rusli katut babaturanana, tapi dina derna, lain babaturanana nu kabaud kana pamadegan Hasan, kalah tibalik, manéhna kasedot sarta antukna milu kana ulekan pamadegan babaturanana.

Hiji mangsa basa kantorna libur, Hasan jeung hiji babaturanana balik ka Garut. Peuting panungtungan méméh Hasan mulang deui ka Bandung, manéhna paséa rongkah jeung bapana, pakeukeuh-keukeuh ngeunaan kayakinan jeung pamadeganana. Sanggeus duanana surti yén kayakinana moal bisa deui dihijikeun, nya paséa éta ahirna reureuh. Hasan geus jadi atheis, nyieun pigeusaneun papisah salawasna jeung nu jadi kolotna.

Tah, dina raraga maca sakaligus ngarawatan sajarah Bandung, Komunitas Aleut ngayakeun sawala buku Atheis dina Saptu, 29 Juli 2017. Ieu sawala téh mangrupa bagian tina kagiatan rutin unggal poé Saptu ti mimiti Juni 2015, nu sok disebut Kelas Literasi. Nu disawalakeunna teu jauh tina sual buku, nulis, jeung maca. Minangka nu sok jadi pangjejer nyaéta barudak Aleut sorangan, tapi sakapeung mah sok ngondang penulis katut éditor buku sangkan bisa babagi kanyaho jeung élmuna.

Kagiatan lolobana diayakeun di Jalan Solontongan Nomor 20-D, di wewengkon Buahbatu, da di dinya pisan Komunitas Aleut téh matuhna. Tapi sababaraha waktu ka tukang mah kungsi ogé sok diayakeun di taman-taman Kota Bandung, ngider piliganti ti hiji taman ka taman séjénna.

Palebah ngabedah novel Atheis, nyaéta basa Kelas Literasi geus asup minggu ka-103, kabeneran nu jadi pangjejerna téh kuring sorangan salaku anggota Komunitas Aleut. Harita nu haladir lolobana barudak ngora nu munggaran wawanohan jeung novel Atheis. Nu diobrolkeunana nyaéta eusining éta novel bari dipuseurkeun kana sakur patempatan di Bandung nu kasabit-sabit di dinya. Hal ieu minangka aya patalina jeung kagiatan rutin Komunitas Aleut séjénna, nyaéta Ngaleut.

Ari acara Ngaleut nu biasana diayakeun unggal poé Minggu téh mimiti diayakeunana ti 2006, tegesna ti basa Komunitas Aleut diadegkeun ku nonoman Kota Bandung nu mikatineung kana sajarah kotana. Ti danget harita, unggal Minggu sok ayakeun acara nyukcruk sajarah Kota Bandung ku jalan ngaleut ngadatangan sakur tempat di suklak-di siklukna ieu kota anu dalit pisan patula-patalina jeung sajarah kamekaran Bandung.

Nya, sabada acara sawala Atheis éta, isukan Komunitas Aleut ngayakeun kagiatan rutin nyaéta Ngaleut Atheis minangka lajuning lakuna. Dina éta kagiatan, barudak Komunitas Aleut nyungsi patempatan nu disebutkeun dina buku. Da najan kasebutna karangan fiksi, tapi ku sabab diadumaniskeun jeung sajarah, nya teu kagok dina prakprakanna ngaleut téh ngadatangan sababaraha imah nu disebut dina buku, saperti Léngkong Besar 27, Sasakgantung 18, Kebon Manggu 11, jeung sajabana.

Tina éta dua kagiatan, Komunitas Aleut sugan baé kakolomkeun kana nu naratas ngaguar karya sastra bari dipatalikeun jeung sajarah, hususna sajarah Bandung, dibarung ku derna nyukcruk patempatanana. Ku jalan kitu, sugan-sugan sasieureun sabeunyeureun aya manpaatna keur balaréa. [irf]

Tayang di Harian Pikiran Rakyat, rubrik Kalam
Edisi Senin, 21 Agustus 2017

No comments:

Kang Ajip Sakolébatan…