25 May 2017

Bulan Puasa di Jampangkulon




Mun ditempo dina péta baheula, nu disebut Jampang téh nyaéta hiji wewengkon nu anyeuna sacara administratif asup ka Kabupatén Cianjur jeung Kabupatén Sukabumi. Cenah ti baheula Jampang kawéntar ku élmu hideungna sabangsaning teluh, werejit, ganggaong, jeung sajabana. Basa kuring di Pangandaran, kungsi ngobrol jeung hiji kuncén makam karamat di daérah Cidahu, teu jauh ti Ciwayang. Mang kuncén nyarita yén manéhna kungsi ulin ka Jampang jeung nempo élmu hideung ditembrak-tembrakkeun.

Aya hayam nyatuan paré nu keur dipoé di buruan imah, teu lila hayam éta jol ngajungkel paéh. Tuluy mun di ditu disuguhan cikopi, cabak heula gelasna, panas atawa tiis, sabab mun dicekel karasa panas éta hartina tiis mun diinum, pon kitu deui sabalikna, kitu ceuk mang kuncén.

Kuring ngan ukur imut, da dihenteu-henteu gé kuring teh pituin Jampang, jeung sapangalaman kuring mah naon nu dicaritakeun mang kuncén téh asa euweuh di lembur kuring mah. Nya bisa jadi éta carita téh bener, tapi meureun lain di Jampang nu jadi lembur kuring.

Mun ti Kota Sukabumi, tegesna ti terminal Lembursitu, lalampahan ka lembur kuring téh teu kurang ti tilu jam: Jampangkulon ngaran lemburna. Di sabudeureun wewengkon éta, anyeuna keur ramé kaulinan anyar nu ngaranna Geopark Ciletuh. Aya ogé Ujunggenténg jeung curug Cikaso nu rada béh ditu gé geus pada arapaleun.

Mun Jampangtengah ngaran puseur dayeuhna Bojonglopang, jeung Jampangwétan pusér dayeuhna disebut Sukanagara, Jampangkulon mah teu miboga ngaran nu béda da puseur dayeuhna oge angger disebut Jampangkulon. Ceuk kolot baheula, sabenerna ngaran puser dayeuh Jampangkulon téh Cicurug Pamerangan, ngan teuing ti iraha ngaran éta nepi ka anyeuan geus tara disebut-sebut deui.

Dina buku nu diserat ku Muchtar Affandi nu jejerna Mulangkeun Panineungan: Dumasar Pangalaman-pangalaman Sajati nu Cumantél Kana Haté, Nyangkaruk dina Kalbu, Kumacacang dina Implengan diterangkeun pangna disebut Cicurug Pamerangan téh cenah baheulana di Jampangkulon aya curug nu dipaké perang basa jaman révolusi. Tapi sainget kuring, di lembur asa euweuh curug hiji-hiji acan.

Anyeuna Jampangkulon téh jadi ngaran kacamatan jeung désa, tah lembur kuring asup ka administratif éta. Imah kolot kuring ayana di kampung Panglayungan. Di belah kulonna aya kampung Kadunenggang jeung Cisampih (tempat dulur-dulur jeung kolot kuring dikurebkeun). Di belah kidul aya kampung Setiahati, Sabdategas atawa Pasar Darurat, Ciawitali, Parirpulus, Situhiang, jeung Warungtagog. Di belah wétan aya kampung Cilubang, Cikangkung, jeung Purwasedar. Mun di belah kalér aya kampung Gemarasa nu dibates ku désa séjén nu ngaranna désa Tanjung.

Ti taun 1998, kuring geus mimiti ngumbara. Tilu taun sekolah di SMA 1 Kota Sukabumi, jeung tilu taun kuliah di Ciwaruga, Bandung. Saenggeus kuliah tuluy gawé di Tangerang meunang dua taun, tuluy balik deui ka Bandung. Kira bulan Maret 2009, kuring ngumbara deui ka Jakarta, tegesna di Pulogadung, gawé meunang lima taun. Kusabab geus bosen cicing di Jakarta, nya taun 2014 kuring balik deui ka Bandung, cicing di Buahbatu nepi ka anyeuna. Mun geus deukeut ka bulan puasa kawas anyeuna, kuring sok ras inget ka lembur.
Mangsa keur budak, bulan puasa di lembur téh pohara resep jeung gumbira. Loba kaulinan jeung lalampahan nu euweuh di bulan séjén mah, nya nepi ka anyeuna masih kénéh kumacacang dina implengan.

Baheula saméméh di masigit Jampangkulon aya kuliah subuh (sainget kuring kuliah subuh téh hiji program pangajian nu dimimitian ku TPITelevisi Pendidikan Indonesia), sabada solat subuh téh sok rajeun nyubuh ka belah kidul, nyaéta leumpang mapay jalan raya mapay-mapay pilemburan. Leumpang téh paling jauh ngan nepi ka Cinagen atawa Simpangbungur. Da puguh ge isuk kénéh, jadi mobil jeung motor can pati loba pasulabreng, jeung deuih baheula mah saeutik kénéh we teu kawas anyeuna.

Mun ngaliwatan makam Pasirpulus nu paroék jeung geueuman, barudak sok pating beretek lalumpatan paheula-heula nepi ka pilemburan. Barudak leutik mah sok pang becirna sabari notog-notogkeun manéh bakat ku sieun. Aya hiji kajadian nu pikageuleuheun basa nyubuh jeung si Wawan (budak Mang Acep guru penca silat nu anyeuna sakulawargana cenah geus naretep di Bekasi).

Basa leumpang geus nepi ka Situhiang, deukeut pangumbahan motor, si Wawan muringis nyeri beuteung. Beretek manéhna lumpat ka sisi jalan, tuluy cingogo dina kamalir sabari morosotkeun calana, rukutuk wéh. Barudak ampir kabéh lumpat ngajauhan sabari ngagorowok, Bagoy, koatka meledek kieu euy!

Harita di lembur keur ramé carita Ujang WC, nyaéta hiji nonoman tengah tuwuh nu boga kabiasaan lodom (balikkeun macana) di mana waé. Manéhna harita gawé jadi kenek beus Suradé-Sukabumi. Ceuk supir atau saha waé nu kungsi nempo kalakuan manéhna, mun geus kaberengseng hayang lodom, manéhna sok ngarukutuk di mana waé, dalah di tengah jalan gé jadi. Asa kaleuleuwihi mimitina mah, tapi lila-lila beuki loba jelema nu ngomongkeun kalakuanna. Tah cenah si Wawan téh basa nyeri beuteung keur nyubuh jol inget ka Ujang WC, anu antukna ngawanikeun manéh ngarukutuk di kamalir sisi jalan... (Hanca)

No comments:

Mudik dan Hal-hal yang Tak Selesai