24 July 2016

Lalampahan ka Cikarang Kidul, Ujunggenténg, Jaringao, jeung Citéspong

Ujunggenteng
Enya gé teu pati jauh ka Ujunggenténg téh, da teu nepi sajam-sajam acan mun ti imah mah, tapi da kusabab ngumbara téa, nya heubeul ogé tara ulin ka dinya téh. Sainget mah, terahir ka dinya teh baheula basa perpisahan madrasah. Aya meureun dalapan welas taun ka tukang. Éta gé osok ari balik mah ka lembur, cacak sataun sakali gé, tapi memang dasarna kuring mah teu pati beuki ulin ka laut. Lain nanaon, enya gé éndah nempo basisir jeung ombak nu pating jelegur, tapi kuring mah sok teu kuat ku hawana nu panas bayeungyang. Genep bulan ka tukang kuring kungsi digawé di Pangandaran, rek naliti kahirupan masarakat Cigugur katut sajarah karuhunna. Kaitung rada jauh di basisir éta kacamatan téh, tapi angger keur kuring mah karasana ngahéab matak teu betah.

Dina mangsa mudik nu kakara liwat tilu minggu ka tukang, kuring nyobaan deui indit ka Ujunggenténg. Indit téh pasosorangan baé, da babaturan keur leutik geus areuweuh, atuh nu jadi dulur boga acarana séwang-séwangan. Indit téh lain ngahaja rék nempo kaéndahan basisir, tapi ku dijurung niat rék nulis catetan lalampahan sakotrét dua kotrét mah. Lampah kuring ieu teu bisa leupas tina hirup-gaul sapopoé jeung Komunitas Aleut di Bandung. Komunitas ieu geus nyieun kuring migoba hiji kasadaran yén nu ngarana hirup téh teu bisa leupas tina alam lingkungan sabudeureun di mana taneuh nu kuring keur ditincak. Nya itung-itung mapalérkeun éta kayakinan, ari ku cara bura-béré mah kuring can bisa, atuh ari nulis-nulis waé mah piraku teu bisa.

Sapoé sabada lebaran, kira jam sawelas beurang, kuring indit ka Ujunggenteng. Teu mawa nanaon lian buku leutik jeung pulpen mangsi hideung jang kutrat-kotrét. Indit gé maké sandal jepit-sendal jepit acan. “Téh, badé ka laut heula, tos lami teu ningal basisir. Uihna kin sateuacan magrib,” kitu ceuk kuring pamit kanu jadi lanceuk. “Nya jung, kadé sing ati-ati di jalan. Tong kekebutan palaur,” ceuk lanceuk mairan.

Wahangan Cikarang Kidul
Hawa estuning keur meujeuhna haneut maju ka panas. Langit lénglang méh taya reueuk saeutik-eutik acan. Sabari ngagas motor, kuring jongjon ngelepus bari ngahariring. Di sisi jalan loba mobil plat B nu keur palarkir. Moal nyalahan deui éta téh mobil urang Jampang nu keur nepungan kolot jeung dulurna séwang-séwangan. Éstuning loba pisan urang dieu nu ngalumbara ka Jakarta tur jaradi jelema jeneng téh, tapi nya kitu téa, saeutik pisan nu daék balik deui sabari tuluy nganjrek di lembur mah. Karasa ku diri sorangan, enya gé can pinanggih jeung kahirupan nu matak nyugemakeun, tapi tisaprak dijurungkeun ngumbara ku bapa baheula, memang embung wé ari kudu balik deui jeung cicing salawasna di lembur téh.

Teu kungsi satengah jam kuring geus nepi di Suradé. Toko emas jeung warung kolontongan ampir kabéh tarutup kénéh. Ari kitu téa mah teu ngabibisani, apan kakara poé kadua lebaran ieu téh. Nu muka ngan alpamat, indomat, jeung pom bengsin paranti nu arulin ka laut ngareusian téngki motor jeung mobil. Kuring méngkol heula ka alpamat rék ngadon meuli cai hérang jeung mijon tiis paranti sajajalan mun kabeneran hanaang. Teu lila tuluy indit deui ka belah kidul, rék ngajugjug ka Cikarang Kidul nu baheula mah kawéntar éndah ku muara jeung villana nu agréng.

Barang bras asup ngaliwatan kaca-kaca kebon kapala saméméh muara, di hareup geus nyampak aya dua jelema nu megat rék ngadon ménta duit jang mayar tiket asup. “Badé ka lebet, kang?” kitu pokna. Nya ku kuring ditémbal muhun baé. “Kedah mayar kang anyeuna mah, margi perkebunan ieu tos janten kagungan PT. ASABA. Pami motor mah cekap dalapan rebu baé.” Kuring cacagap kana pésak calana, manggihan duit lima rébu rupia, tuluy pok nyarita ka maranéhanana, “Kang, da abdi mah nyalira, sareng tatangga wé kaétangna mah, na da abdi mah urang alun-alun Jampang Kulon, bade ngadon popotoan sakedap. Ieu aya artos lima rébu, sugan cekap.” Si akang teu loba carita, tuluy nampa duit sabari mukakeun portal. Kuring tuluy asup ngadeukeutan muara jeung villa.

Sabudeureun Villa Amanda Ratu
Cikarang Kidul téh nyaéta hiji wahangan gedé nu brasna ka Samudra Hindia. Baheula mah mun rék meuntas éta wahangan kudu naék ponton atawa rakit gedé nu dijieunna tina dreum urut aspal nu dihijikeun aya kana puluhna. Kuring kungsi ngalaman basa keur leutik. Ari anyeuna mah alhamdulillah sasak geus nyampak aya, jadi teu kudu deui ngageuleuyeung naék ponton.

Di sabudeureun villa, nu baheula mah katelahna villa Amanda Ratu, aya sababaraha enggon pikeun jalma-jalma nu rék ngadon ngéndong. Aya ogé kolam renang nu caina ngagenyas hérang matak pikabitaeun. Tangkal kalapa ngajajar, daunnya teu daek cicing katebak angin nu ngagelebug. Kuring diuk sajongjonan dina jukut nu ngémplok hejo. Tetempoan lempeng ka laut, ti kajauhan katénjo aya sabaraha hiji parahu nu keur ngarala lauk. Dina kaayaan kitu mah haté gé ngadadak kabawa leumpeuh. Ingetan kakalayangan. Ras inget ka mangsa ka tukang, waas nyawang lalampahan nu geus kaliwat.

Itungan mah bisi kaburu burit, nya teu pati lila kuring di dinya, tuluy indit bae ka Ujunggenteng. Panonpoe geus mimiti nyered ka kulon, sanajan cahyana mah masih keneh nojo kana mun-munan. Barang nepi ka jalan taneuh sisi basisir, kuring mengkol ka kenca. Maksudna mah rek nempo guha titinggal Jepang, tapi jadi hoream da kudu mayar sagala. Nya ahirna mah kuring milu ngiuhan di pos TNI AU. Di hareup pos katingali aya hiji tantara nu keur piket, katempona mah ngora keneh, sigana umurna ge karek nitih 26 atawa 27 taun.

Pos Tangtara
“Kang, ngiring ngiuhan ah,” ceuk kuring sabari ngasongkeun leungeun rék sasalaman. “Oh, iya silakan mas,” ceuk manéhna mairan. Nya ti dinya mah kuring ngobrol sajongjonan jeung manéhna. Éta tangtara nu ngora kénéh téh aslina mah urang Madiun, keur mancén tugas kabagéan pikét jaga di pos salila lebaran jeung saminggu saenggeusna. “Baru setahun saya tugas di Ujunggenténg, tapi sering juga pulang ke Bogor, ke Atang Senjaya. Kalau ke Madiun mah ya jarang sih,” kitu pokna dina obrolan téh.

Teu lila, kuring pamitan. Tuluy indit ka aray Cibuaya, maksud téh rék terus ka Pangumbahan, rék nempo tempat pamiaraan penyu. Srangéngé keur meujeuhna éréng-éréngan, najan dijaket panjang gé, angger ari palebah leungeun mah teu katutupan, atuh pas ditempo teh kulit jadi welang siga oray. Jalan geus teu pati alus, ancal-ancalan antara nu diaspal, keusik basisir, jeung makadam. Méméh nepi ka Pangumbahan, di hareup geus katempo aya deui jalma nu narikan retribusi. Harga tikétna sarua ngan ukur lima rébu rupia. Di hiji parapatan kuring nempo tulisan nu unggelna: ka Ciburial. Kuring méngkol ka kénca ka arah Pangumbahan nu pinuh ku mobil jeung motor.

Nepi ka tempat nu dijugjug, kuring tuluy tatanya ngeunaan sabaraha harga tikét asup jeung iraha waé waktuna anak penyu atawa tukik bisa dikencarkeun ka laut. Nya patugas nu keur mancén ngajelaskeun sacara jéntré. Jadi tukik téh teu bisa dikencarkeun unggal poé da kumaha kaayaan, maksudna kumaha kondisi tukikna. Ari sual harga tikét mah sihoréng aya dina spanduk badag nu némpél dina tembok gigireun kaca-kaca. Kuring teu asup da eukeur mah keur ramé, katurug-turug hawa keur panas naker, nya tungtungna mah meuli ci kalapa wé sabari udud sajongjonan. Keur ngareureuhkeun kacapé kitu jol aya hiji tangtara milu diuk di gigireun, tuluy diajak ngobrol baé itung-itung nambah kawawuhan.

Kira wanci kalangkang satangtung, kuring ngaberung deui rék langsung balik ka imah. Sajajalan balik beuki loba nempo jalma nu arulin ngadon ngojay. Enya ngojay dina mangsa panas keur meujeuh-meujuehna, dina haté ngagerentes, “euweuh rarasaan manusa téh, wayah kieu moé manéh dina cai uyah!”

***

Isukna saenggeus lohor, kuring geus siap-siap deui rék indit ka Jaringao. Ceuk bibi, di daérah éta téh cenah aya hiji lembur nu eusina ngan wungkul urang Jawa. Teuing Jawana ti mana. Pokona mah Jawa wéh. “Aya babaturan bibi urang ditu, manéhna gé urang Jawa. Cobaan geura kaditu ari resep maluruh sajarah jeung kabudayaan mah,” pokna.

Barang rék indit pisan, nu jadi lanceuk naros, “Badé kamana deui?” Ku kuring dibéjakeun wé sacéréwéléna. “Oh kitu, kadé di jalan sing ati-ati. Uihna tong wengi teuing, paur di belah dinya mah, seueur kénéh leuweung.” Padu dijawab muhun wé. Ngaranna ogé lanceuk, minangka gaganti kolot, sanajan nu jadi adi geus sawawa, angger ari kamelang mah teu bisa disumput-sumput, salempang teu bisa dihenteu-henteu.

Gancangna carita kuring geus nepi deui ka Cikarang Kidul. Ti dinya rada maju saeutik, tuluy mengkol ka katuhu, ka arah Jaringao. Ti mimiti asup, jalan geus ripuh: batu sagede-gede peureup jeung tuur kolot. Tapi da geus pangalaman tea kungsi momotoran ka Cikajang ti Sedep, nya jalur kieu teh minangka geus teu reuwas deui. Teu sataikukueun-sataikukueun acan. Barang geus aya dua kilo asup, kuring rada bingung da manggih parapatan. Tapi kabeneran aya bapa-bapa keur sasapu di buruan imahna, tuluy we ditelek, nanyakeun arah aka Jaringao. “Teras we kang, kin di payun pami mendak parapatan deui mengkol ka kenca. Ti dinya mah lempeng we,” kitu pokna.

Teu sabaraha lila enya wé kuring manggihan hiji sakola nu aya tulisan “Sekolah Dasar Negeri Jaringao”. “Alhamdulillah geuning geus nepi,” kitu gerentes haté. Sapoé saméméh indit, dulur misan ngabéjaan, cindekna mah manéhna gé béja ti nu jadi emangna, yén di Jaringao téh aya hiji komplék kuburan gedé nu sawaréh eusina cenah jalma-jalma baheula nu maotna kusabab katarajang panyakit kusta atawa lépra. Teuing bener teuing henteu, wallohua’lam. Tapi ari kuburanna mah bener aya da kuring gé manggihan.

Anjog ka pilemburan, kuring eureun di hiji warung, maksud téh rék tatanya. Kabeneran aya tilu bapa-bapa nu keur ngopi bari arudud bangun nu ni’mat naker. “Assalamualaikum. Punten bapa, dupi ieu leres kampung Jaringao?” ceuk kuring sabada uluk salam. “Oh, muhun leres. Dupi ujang ti mana kitu? Sareng aya kaperyogian naon?” Derekdek ku kuring dicaritakeun, yén kuring asalna ti Jampangkulon, jeung maksud tujuanna teu leuwih ti hayang apal Jaringao jeung maluruh hiji dua raratan sajarah sugan aya kénéh nu apal.

“Saterang abdi mah, da abdi gé kaleresan ti aalit tos di dieu, SD téh kira taun 60-an, di Jaringao memang tos aya malihan mah seueur urang Jawa. Saurna kapungkur nuju jaman Walanda, aya rombongan urang Cilacap di Jawa Tengah nu badé kuli ka perkebunan di Bornéo. Nanging sateuacan dugi ka ditu, tegesna némbé dugi ka Ujunggenténg, éta rombongan téh dilungsurkeun ku Walanda. Dibobodo, dibéjakeun yén ieu téh Bornéo, padahal mah pan ujang gé terang nyalira, yén Bornéo mah pan tebih kénéh ti dieu,” kitu sasauranna.

“Dupi urang Jawa éta téh leres nyariosna nganggo basa Indonesia?” kuring nanya deui.

“Sapalih mah leres, mung da anyeuna mah tos seuer nu tiasaeun basa Sunda. Janten sakumaha ilaharna wé, sadidinten gé pami ngobrol téh tos nganggo basa Sunda,” walerna.

Kuring panasaran kénéh, hayang panggih langsung jeung urang Jawana. Ngan hanjakal pisan, cenah wayah kieu mah ampir kabéh keur saribuk nyiar kipayah, keur husu néangan napkahna séwang-séwangan. Iwal ti éta, meureun kuring sorangan wé nu kurang junun dina néang jalmana. Tuluy kuring tatanya sual kebon kalapa nu katempo ti warung éta. “Tah, itu téh kapungkur mah namina perkebunan Citéspong, nanging anyeuna mah janten perkebunan Asaba Land, nu gaduhna urang Tionghoa ti kota,” sangemna.

Keur nyiar kipayah
Dina buku “Our Family Tree: A History of Our Family” dicaritakeun yén baheula di Citéspong aya hiji perkebunan nu dipimilik ku urang Amérika. Hasil kebonna diangkut ka Ujunggenténg maké lori. Teu jauh ti dinya aya hiji leuweung jeung basisir paranti tuan-tuan perkebunan ngadon moro, nu ngaranna leuweung Cibanténg jeung Cikepuh. Baréto basa pun biang aya kénéh, anjeunna gé sok ngadongéng yén réréncangan aki ogé sok moro ka Cikepuh. Mun balik téh sok mawa oléh-oléh daging banténg.

Satadina kuring rék indit oge ka Cikepuh, ngan saur bapa-bapa alusna mah ulah sorangan pisan, kudu aya batur, sabab jalanna butut jeung paur wé pangpangna mah sabab bakal nyorang leuweung anu simpé pisan. Sabada pamit, kuring nuluykeun lalampahan ka belah kidul. Na ari pék téh brasna ka Ciburial jeung Pangumbahan, nu kamari cikénéh ku kuring dianjangan. Kuring gogodeg, nyaho kieu mah sakalian wé kamari ka dieu téh.

Méméh magrib kuring geus nepi deui ka imah. Kira wanci harieum beunget kuring mukaan péta nu dikirim ku babaturan ti Bandung dina grup was’ap. Enya wé, tétéla antara Ujunggenténg, Jaringao, jeung Cikepuh téh teu pati jauh, masih dina lelewek kacamatan Cilacap. “Ipan, emam heula, tah aya kénéh rendang jeung beleketrek sésa lebaran kamari,” kadangu aya nu sasauran ti dapur.

Isukna, tegesna tilu poé sabada lebaran, kuring balik deui ka Bandung. Nyorang deui kahirupan sapopoé, kahirupan nu sok sanajan can nyugemakeun, tapi teu weléh ku kuring disukuran, da geuning ari ni’mat mah teu kurang-kurang: babaturan aya, buku boga, rejeki pon kitu deui. Tina kaca spion katempo alun-alun Jampangkulon beuki ngajauhan. [irf]              


No comments:

Kang Ajip Sakolébatan…