06 May 2015

Naheur Cai di Bandung

Ronggeng cai keur maturan barudak di seke

Mun kabeneran keur di jalan, tuluy ngarasa hanaang, ampir kaběh jelema sigana pasti mareuli aqua. Maksud těh lain nuduhkeun kana hiji měrek, tapi pan geus kitu kabiasaanna di urang mah. Mun aya hiji měrek nu munggaran, sok tuluy jadi ngaran pikeun měrek-měrek nu sějěnna ogě, nu datangna leuwih paneuri. Contona baě Odol, apan ěta těh ngaran měrek, tapi ampir kaběh pasta gigi sok disebutna odol. Aya deui Lěvis, sakaběh calana jin sok disebutna těh lěvis. Pon kitu deui Paralon, dilembur kuring mah tiap-tiap jalan cai nu dijieunna tina palastik disebutna těh paralon, sanajan misalna merekna mah Wavin. Jadi maksud kuring kecap “aqua” di dieu nuduhkeun kana cai inum nu diměrekan, nu dijual di kios jeung warung-warung, atawa aya ogě nu sok diasongkeun ku nu daragang di jalan.

Mun dititěnan, sigana anyeuna mah geus rada langka nu sok nalaheur cai těh. Geus puguh ari keur walurat di jalan mah sakumaha nu geus kuring sebutkeun di luhur, ieu mah dalah keur di imah gě jelema těh asana mah geus harorěam nalaheur cai. Geus teu cara barěto. Inget kěněh wě basa kuring keur leutik di lembur, mun isuk-isuk těh ema geus nitah naheur cai. “Geura mirun seuneu geus beurang, tuluy taheurkeun cai!,” kitu ceuk ema.

Kiwari di Bandung ampir unggal imah barogaeun aqua galon. Boh nu sok dieusi ulang ku nu asli, atawa ku nu murah těa nu galonna tara ieuh diganti, padu diberesihan wě wungkul ku nu dagangna. Kaayaan ieu tangtu teu robah dadaksakala. Pastina gě aya musabab nu ngajadikeun rahayat ngaganti kabiasaan. Urang cobaan papay hiji-hiji naon waě musabab nu ngajadikeun kaayaan bisa keu.

Cai nu ditaheur tangtuna gě jang inumeun sapopoě, sanajan ěta gě aya hiji dua nu sok rajeun dipakě pikeun mandi isuk-isuk da teu kuat tiris naroktok kana huntu. Boh keun inumeun atawa keur mandi tagntuna gě kudu cai nu beresih. Ari cai nu beresih těh tandana aya tilu : hěrang ngagenclang, teu warnaan, jeung teu bau. Sirop orson sanajan beresih jeung bisa diinum tapi pan teu bisa dipakě mandi, kitu contona. Tah, pasualanna anyeuna kira-kira cai nu miboga tanda kawas kitu aya kěněh teu?

Kota nu digalaksak ku pangwangunan beuki dieu beuki měakkeun sěkě. Kamalir cai beresih beuki heureut jeung beuki hěsě. Tong boro di Kota Bandung nu geus sakieu heurin ku tangtung, dalah di pasisian gě sěkě těh geus nyirorot pisan. Kaayaan kieu antukna nyieun rahayat ngagantungkeun cai beresih ka PDAM. Tapi pan kaběh gě geus pada-pada nyaho, yěn cai ti PDAM mah sok mineng bau kaporit, bau obat pikeun ngahěrangkeun cai těa. Tuluy aya nu nanya; “piraku cai nu geus diobat rěk diinum?,” tah ieu salahsahijina nu ngajadikeun rahayat beuki horěam nalaheur cai.

Atuh nu kadua nyaěta resiko hirup nu beuki gedě alatan hahargaan ting těrěkěl. Lian ti harga bensin nu tuluy naěk, harga gas ogě milu hanjat. Malah kungsi di sababaraha daěrah mah gas těh hěsě pisan, geus mah mahal katambah-tambah barangna euweuh, atuh puguh wě rahayat těh sasatna mah pating kocěak. Balik deui kana sual naheur cai, keur mah caina meuli ti PDAM katurug-turug jang naheurna gě harga gas geus beuki mahal, atuh naheur cai těh mun diitung mah měakkeun waragad nu teu saeutik. Matak pantes mun diitung kitu mah rahayat těh lalumpatna kana aqua.  

Tapi kalem heula, saliwat mah hal ěta těh kawas nu bener. Urang nu hirupna di nagara tropis—nyaěta nu sapanjang taun kahujanan waě, komo urang Bandung mah nu kasebutna dilingkung gunung, naha enya kudu meuli cai saumur hirup? Tah, lebah dieu urang kudu nanya ka diri sorangan. Da asa maenya ari Pangeran nu ngorět-ngorět kana cai mah? Apan sidik urang těh ti baheula gě geus diběrě alam nu sakieu ěndah, subur, jeung cur cor. Naha anyeuna kudu ngarasakeun hirup werit ku cai?

***

Tanggal 22 April 2015 nu geus kaliwat, dina raraga miěling Hari Bumi, katurug-tutug kabeneran keur aya hajat gedě nyaěta Konpěrěnsi Asia-Afrika, nya sawatara orhanisasi nu aya di Bandung, utamana orhanisasi lingkungan jeung Kasundaan, ngayakeun acara di wewengkon Lebak Gedě atawa Babakan Siliwangi, deukuet hiji sěkě nu caina geus rěk saat. Acara nu di antarana dihadiran ku Acil Bimbo ěta, ngampanyeukeun yěn sěkě těh teu meunang dipimilik ku sorangan. Hal ieu aya pakaitna jeung undang-undang privatisasi cai nu geus digagalkeun ku Mahkamah Konstitusi di Jakarta.

“Lamun aya nu satuju kana privatisasi cai, ngandung harti maraněhna centěng-centěng perusahaaan! Omat ku urang sarěrěa kudu dilawan nu kitu patut mah!,” Acil sasauran dina panggung, galak naker.

Acara ěta gě ngondang sababaraha orhanisasi ti luar Bandung, salahsahijina nyaěta wawakil ti Padarincang-Banten. Di Padarincang, rahayat kungsi ngagagalkeun hiji perusahaan cai gedě nu dipimilik ku bangsa deungeun. Wawakil ti Padarincang negeskeun yěn rahayat Bandung ulah ngarasa sieun, kudu teuneung jeung ludeung dina raraga ngalawan sagala rupa usaha privatisasi cai di wewengkon Tatar Ukur ieu.

Sanggeus sababaraha urang orasi di luhur panggung, acara dipungkas ku cara ngaleut, kaběh nu hadir di Lebak Gedě leumpang ka kantor PDAM di Jl. Badaksinga pikeun měrěkeun sababaraha kendi nu jadi simbol kapercayaan rahayat Bandung ka nagara, nu diwakilan ku PDAM pikeun ngurus cai nu bener. Nu jadi pupuhu kampanyeu sasauran ka pingpinan PDAM, “Omat, PDAM kudu wani nolak sagalarupa kahayang swasta nu boga niat rěk ngapimilik kana sěkě!” kitu pokna.

***

Ceuk implengan sorangan, lian ti kudu nolak privatisai cai, rahayat gě kudu wani nolak sagala rupa pangwangunan nu enggeus jeung matak “ngarogahala” kahirupan sěkě. Apan anyeuna geus kasaksěn ku urang sarěrěa, yěn di Bandung geus jlug-jleg aparteměn jeung hotěl nu beuki nyieun cai nyirorot. Contona waě di Gg. Apandi di tukangeun Jl. Braga nu kawěntar těa. Tong katipu ku alusna Jalan Braga, cobaan sakali-kali mah titěnan ka tukang. Kumaha kahirupan rahayat di dinya. Keur mah dibeulit ku walungan Ci Kapundung nu kiruh, katurug-turug dibakutet ku dua hotěl nu nyědot cai sapopoě pikeun kahirupan maraněhna.

Anyeuna di Bandung keur ramě ku Walikota anu cenah mah alus, ngokolakeun kahayang rahayat. Urang ulah nampik kana kahaděan maněhna, tapi omat urang gě ulah ngaberhalakan ku jalan ngadukung sagalarupa prohramna sabari teu dipariksa heula. Mun sakirana matak ngarugikeun ka rahahat mah, urang ulah asa-asa kudu nepikeun kritik. Sora ulah běak ku muja. Dukung nu hadě, lawan nu gorěng.

Mun perlu “taheur cai” di mana mendi sangkan kaayaan ngagolak, lain rěk nyieun riributan, tapi sangkan naon baě nu ditepikeun keuna kanu dimaksud. Tong sieun, sabab ayeuna urang hirup di alam rěformasi, sora saha waě ditangtayungan. Tah ku cara ieu, susuganan cai nu geus werit těh bisa cur cor deui, jeung rahayat daraěk deui naheur cai di lemahcaina sorangan. Cag! [ ]  


Foto : Arsip Irfan TP

No comments:

Mudik dan Hal-hal yang Tak Selesai