19 April 2015

Enam Alinea untuk Alina *)


Alina sayang, apa kabar? Dari depan Rathkamp, sore ini aku ingin mengirimmu beberapa alinea. Kata, sebagaimana kau tahu, selalu lebih berhasil menarik minatku. Kini, di sini, di tepi Jalan Asia Afrika yang tengah ramai oleh pengendara dan pejalan kaki, aku mencoba merekamnya dalam redup dan remang bahasa; untukmu. Aku sengaja tidak mengerat dan memotong beberapa gambar, untuk apa? Orang-orang sudah terlampau banyak mengantongi rupa; di depan Gedung Merdeka, tepi Jalan Cikapundung Timur, pinggir sungai yang keruh itu, sekitar monumen Dasasila Bandung, di depan kantor Harian Pikiran Rakyat, dan masih banyak lagi. Mereka mencoba mengawetkan semesta dirinya dalam dekapan yang mulia kamera. Tidak Alina, aku tidak mau mengirimmu keriuhan yang banal itu lewat gambar. Aku ingin mendekatimu dengan kata.

Selepas hujan sore ini, mentari masih malu-malu menampakan diri. Sementara orang-orang justru girang memenuhi ruas trotoar dan sebagian bahu jalan. Arus lalu-lintas tersendat, sesekali klakson bersahutan. Hotel Savoy Homann, de Vries, Visser, dan Gedung Merdeka mulai tersaput temaram. Beberapa saat lagi adzab maghrib akan berkumandang dari Masjid Agung. Menjelang sore dijemput malam, keramaian semakin riuh. Tua-muda, laki-laki perempuan, semuanya menyesaki trotoar yang sudah dipercantik.

Lima orang remaja yang lewat di depanku, terdengar berbicara kepada temannya, “kalau bola yang tulisannya ‘Indonesia’ di mana ya?” Dalam peringatan Konperensi Asia Afrika kali ini, memang dibuat ratusan bola-bola batu yang bertuliskan nama-nama negara peserta konperensi. Bola-bola itu berjajar di sepanjang Jl. Asia Afrika, Jl. Cikapundung Timur, dan Jl. Braga. Beberapa belum diukir namanya. Di bawah bola-bola batu itu ada kaitan besi untuk mencegahnya dari pergerakan yang akan membahayakan. Persis di depannya, ada pula lampu kecil yang akan menyinari nama negara di kala gelap malam.

Ah Alina, bangku yang seperti aku duduki ini beberapa telah patah kayunya. Bahannya memang kurang bagus namun juga tidak terlampau rapuh, entah tekanan seperti apa yang membuatnya bisa begitu. Dari persimpangan Jl. Lengkong Besar sampai Gedung Swarha, bangku-bangku taman berjajar memanjakan para pejalan kaki yang hendak beristirahat, dan juga untuk berpoto selfie. Masyarakat gembira. Hampir sekujur de groote postweg yang melintasi kota tua Bandung didandani.

Soekarno dan Mandela yang selalu tersenyum itu, kini berlipat ganda dan bersemayam di ruang-ruang digital pribadi. Ada pula tokoh-tokoh lokal dan internasional yang lain. Mereka berjajar di sepanjang tepi sungai Ci Kapundung. Melekatkan diri pada objek menarik dalam kadar bingkai yang pas, barangkali telah menjadi candu. Di kanal-kanal media sosial kemudian semuanya mengalir, berjejalin dalam ruang virtual yang saling berhubungan.

Alina sayang, hari sudah merayap gelap. Patung kecil kura-kura yang menyangga pot-pot bunga besar yang menghiasi trotoar telah samar dari penglihatan. Udara dingin telah turun dari gunung-gunung, menyusup lewat ventilasi kota, lalu turun ke jalan-jalan. Bendera-bendera negara peserta tertunduk lesu di tiang-tiang sekitar Gedung Merdeka. Sementara cahaya berpendaran dari lampu-lampu taman dan kendaraan. Di sini, di jantung ibu kota Asia Afrika, malam hari dibangun dari macet dan kegembiraan warga. Selamat malam Alina. [ ]          

*) Dengan permintaan maaf kepada Seno Gumira Ajidarma


Foto : 7aftermidnight.wordpress.com

Ajengan Idi jeung Bangsa Hianat

Kantor BandungTV tempat kuring nepungan Pa Us Tiarsa
Hiji kajadian ahěng sok resep mun ditingali tina paněnjo budak leutik. Atuhda alam maraněhna mah ěstuning masih kěněh beresih, can ka keunaan ku itu ieu. Hajat gedě nagara nyak tangtu wae kaasup ahěng. 

Anyeuna di Bandung těh keur meujeuhna ramě dina raraga miěling Konpěrěnsi Asia Afrika nu ka-60. Kota digeugeulis, pangpangna nu aya di lelewek Gedong Merděka jeung sabudeureunna. Trotoar jeung lampu jalan diganti ku nu alanyar. Atuh bangku gě teu katinggaleun, ti parapatan Jl. Asia Afrika-Lěngkong Besar nepika alun-alun ngajajar dina trotoar nu anyar tur aralus pisan.

Baheula basa KAA taun 1955, aya hiji budak leutik nu pangalamanna dituliskeun jeung dikumpulkeun dina hiji buku nu medal kira taun 1980-an ahir. Tapi lain tulisan basa kajadian, ngan panineungan hungkul. Nu nulis ěta buku těh nyaěta Us Tiarsa. Anjeunna mimitina mah nulisna di koran Galura, ngan bisi bacacar tuluy dibukukeun ku Galura.

Da ari dina buku mah teu pati loba jeung asa kurang jěntrě, nya poě Rebo kamari nu teges na ping 15 April 2015, kuring ngahaja nepungan anjeunna di Arcamanik, di kantor BandungTV. Janjian těh pososorě, kira pukul satengah tilu. Kuring ngabrět dina motor ti Buah Batu da reueuk katempona geus haleungheum, sieun kaburu hujan. Barang těrěh nepi na ari breg těh hujan gedě pisan, atuh kapaksa ngiuhan heula sajongjonan.

***

Baheula mah basa taun 1955, rahayat těh ngarasa reueus duměh nagara nu harita masih bisa kasebut kěněh werit, geus bisa ngondang para pamingpin di sababaraha nagara. Mangkaning kaayaan kaamanan ogě can pati stabil, enya pan harita těh masih kěněh jaman DI/TII. Tapi dina prak-prakanna, kaamanan těh asa basajan, ěta wě rahayat gě nepi ka bisa ting těrěkěl jeung rajeg dina loteng gedung Visser, nu pahareup-hareup pisan jeung Gedong Merděka.

Beda jeung anyeuna, komo basa taun 2005 mah, rahayat těh teu laluasa mun rěk nempo para pamingpin nagara. Tong boro rahayat biasa, wartawan waě nu biasana mah babari asup kaditu-kadieu, teu bisa larsup sangeunahna. Pulisi jeung tentara rajeg. Sniper atawa tentara nu jago ngabedil ti kajauhan rěa pisan.

“Nya, harita mah nu pang diarep-arepna nyaeta para pamingpin nagara. Da puguh gě pan teu apal kumaha bungkeuleukanna jalma-jalma nu ti nagara batur,” saurna.

Aya ku gedě milik, Us Tiarsa mah harita nempo pisan ka para pamingpin nagara těh. Dina bukuna kaca 63-64 anjeunna nulis :

“Basa sakumna sěmah kalaluar ti Hotěl Homan terus laleumpang ngabring ka Gedung Merděka, rayat těh sarurak eunyah-eunyahan. Kakara sidik harita ka Něhru, Unu, jeung Nasěr těh. Bet diparengkeun papanggih jeung “bungkeuleukanana” da nyaho těh ukur dina gambar wě. Horěng Unu těh ceplěs pisan Ajengan Idi, dikopěah haji, makě kamprět bodas, disarung polěkat. Cek rarasaan, nu pang gagahna mah angger wě Bung Karno. Diraksukan kabangsaan, ngělěk iteuk pondok. Enya lah, teu ělěh gandang najan ku Nasěr no disolěmpang kulit ogě.”

Basa ditaroskeun deui eusi buku ěta, pangpangna ngeunaan ‘Ajengan Idi’ anjeunna gumujeng. “Malah mah sawarěh rahayat aya nu cacariosan, cenah enya wě Unu mah siga bangsa urang, malah mah persis urang Sunda. Kopěah, kamprět, sarung, rupa, jeung dedeganna nu matak seueur nu nyebatkeun kitu těh.”

Kuring teu kuat hayang seuri. Padahal mah maca buku nu ditulis Us Tiarsa těh geus sababaraha kali tamat, ngan basa dicaritakeun deui ngeunaan ‘Ajengan Idi’ mah angger kuring gě milu nyěrěngěh. Tětěla urang Sunda mah saringkak paripolahna těh sok aya waě hal nu matak pikaseurieun.

“Pami pamendak bapa, kumaha ngeunaan Konperensi Asia Afrika nu anyeuna?,” ceuk kuring. Derekdek wěh ajeunna sasauran. Saur anjeunna aya dua hal. Nu kahiji nyaěta perkara digeugeulisna kota. Aya untungna ku ayana KAA těh, ngabebenah kota waragadna jadi kabantuan ku pamarěntah pusat. Atuh pikeun rahayat gě hal ieu jadi kauntungan nu lain lumayan. Enya apanan trotoar jeung sajabana jadi merenah deui, sok sanajan teu sakuliah Bandung nu diropěana těh.

Nu kadua nyaěta ngeunaan rělěvansi KAA di jaman kiwari. Anjeunna pangpangna mah ngabahas pasualan nu aya pakaitna jeung widang pulitik. “Sabenerna sababaraha waktu saanggeus KAA taun 1955 diayakeun, Indonesia malah jadi deukeut ka Blok Timur, nyaěta ka Uni Soviět. Sok padahal apan geus ěcěs yěn tujuan KAA diayakeun těh salah sahijina pikeun nolak jeung moal milu ka dua blok nu keur ‘haneut’ mangsa harita”, saurna.

“Indonesia nu boga ideu jeung nu ngayakan, Indonesia ogě nu ngahianatan kana KAA!”, kuring angguk-anggukan. Ari ngeunaan kaayaan anyeuna mah anjeunna miharep yěn bangsa-bangsa nu keur guntreng pasěa, atuh komo nu keur perang silih rogahala mah bisa sagancangna hadě deui. “Da baheula mah nagara-nagara Arab těh teu parerang siga anyeuna, ngan Palestina hungkul nu geunjleung těh, enya pan ti taun 1948 gě geus aya masalah jeung Israěl,” anjeunna neraskeun.

***

Basa poě beuki nyěrělěk ka sorě, srěngěngě gě měh surup di belah kulon, nya kuring amit. Teu kurang-kurang kuring nganuhunkeun ka anjeunna nu tos sangem ngaluangkeun waktuna pikeun panggih jeung kuring. Barang clěk kana jok motor, kuring inget deui kana sasauranna ngeunaan Indonesia nu geus hianat, jalir kana janjina sorangan. [ ]


Foto : Arsip Irfan TP

15 April 2015

Madrawi : Kisah Keluarga dan Tanah Harapan

Fadly Badjuri, kakek berusia 108 tahun itu tengah membakar rokok kreteknya yang pertama. Sementara Abdul Fatah, anaknya yang bungsu sedang sibuk melayani pembeli. Tak lama kemudian Abdul Fatah masuk ke dalam rumah dan menyuguhkan minuman mineral dalam gelas, “sama bapak mah ngobrol aja ya.” Kemudian dia keluar lagi sebab ada yang hendak makan di warung nasinya.

Dengan alat bantu dengar yang terpasang, Fadly kemudian bercerita. Komunikasi hampir berjalan satu arah, sebab alat bantu dengar ternyata tak begitu banyak membantu pendengaran seseorang yang usianya sudah lebih dari satu abad.

Siapa Fadly Badjuri?

Jelang peringatan Konperensi Asia Afrika yang ke-60, nama-nama pelaku dan saksi sejarah penyelenggaran KAA yang pertamakali di tahun 1955 menuai banyak sorotan. Salahsatunya adalah Madrawi, nama dan pemilik rumah makan yang pernah meyuplai makanan untuk para delegasi KAA angkatan mula-mula. Lalu apa hubungannya dengan Fadly Badjuri?

***

Rabudin, seorang korban kerja paksa di era kolonial Belanda (rodi) yang berasal dari Madura melarikan diri ke Bandung. Kakaknya yang bernama Saibari menyuruh dua orang anaknya, yaitu Madrawi dan Badjuri untuk mencari Rabudin. Sampailah mereka, dua orang kakak beradik itu di station Cikudapateuh. Tak disangka sebelumnya, di daerah Cikudapateuh itulah mereka bertemu dengan sang paman yang dicari.

Pasca pertemuan dan tinggal beberapa saat di Bandung, Madrawi dan adiknya pulang ke Madura untuk memberitahu ayahnya ihwal keberadaan sang paman. Selain itu, mereka pun hendak meminta ijin untuk tinggal di Bandung, karena berdasarkan pengamatan dan pengalaman mereka, Bandung layak untuk ditinggali. Bagi mereka, Bandung adalah tanah harapan.  

Rabudin waktu itu sudah maju di bidang sosial dan ekonomi, salahsatu “muridnya” yang bernama Busana berjualan sate di Cikudapateuh. Usahanya kurang maju, sebab Busana senang bermain judi. Oleh Rabudin, usaha sate Busana kemudian dipercayakan kepada Madrawi dan Badjuri yang sudah kembali lagi ke Bandung dari tanah Madura.

Berkat pergaulan Rabudin yang cukup luas, Wiranatakusumah V yang bergelar Dalem Haji, “memberikan” sebidang tanah di dekat Masjid Agung Bandung kepada dua bersaudara itu untuk tempat berjualan sate. “Teu kudu mayar, sok we pakě,” (tidak usah bayar, pakai saja) kata Dalem Haji. Namun karena merasa tidak enak, kedua bersaudara itu tetap membayar sewa tanah via Pos; yang waktu itu menjadi lembaga yang menangani pembayaran sewa tanah.

Gang menuju rumah Fadly Badjuri
Penamaan warung sate dengan nama “Madrawi” adalah sebagai bentuk penghormatan, sebab Madrawi adalah kakaknya Badjuri, artinya menghormati yang lebih tua. Dalam perjalanannya, karena waktu itu yang berjualan sate di Bandung masih jarang, maka hal tersebut menjadi pendorong majunya usaha Madrawi. Selain sate, rumah makan tersebut menyediakan juga menu lain seperti rawon, soto, dan gulai.

“Baheula mah rumah makan Cina teu pati payu, da marakě babi. Beda jeung anyeuna, jelema těh geus bareuki babi,” (Dulu rumah makan Cina tidak begitu laku, sebab menyediakan menu daging babi. Beda dengan sekarang, orang-orang sudah menyukainya) kata Fadly. Hal ini beliau utarakan waktu menceritakan tentang majunya usaha keluarga mereka.

Di luar kesibukannya berjualan sate dan menu-menu yang lain, di lapangan kehidupan pribadi; Madrawi sempat menikah sebanyak enam kali, dan salahsatu istrinya adalah orang Cibeureum-Cimahi. Namun sampai akhir hayatnya Madrawi tidak dikaruniai anak. Kondisi demikian sempat membuatnya berniat untuk “mengadopsi” Fadly dari adiknya. Namun permintaan itu ditolak oleh Badjuri, akhirnya Fadly pun menjadi anak “bersama”.

Berbeda dengan Madrawi, Badjuri mempunyai tiga orang anak. Fadly adalah anak bungsu Badjuri dari tiga bersaudara. Fadly sendiri kemudian dikaruniai delapan orang anak. Tiga orang anaknya yang pertama sudah meninggal dunia. Dua dari delapan bersaudara itu adalah Abdul Basit (anak ke empat) dan Abdul Fatah sebagai anak bungsu, keduanya hingga kini menetap di Bandung.

Abdul Basit menjadi aparat pemerintah di daerah Dalem Kaum, rumahnya terletak tidak jauh dari gapura komplek pemakaman para Bupati Bandung. Sedangkan Abdul Fatah tinggal seaatap dengan ayahnya, dan kini menjalankan usaha berjualan nasi serta bakso di sebuah gang di bilangan Jl. Simpang-Dewi Sartika.

Di tanah harapan, selain aktif berniaga, Madrawi pun berkecimpung di bidang sosial keagamaan. Dia kerap mengadakan pengajian dengan warga NU di sekitar rumahnya. Hingga kini acara pengajian itu masih berjalan karena dilanjutkan oleh generasi yang lebih muda dari keluarga besarnya.


Pergaulan yang luas dan ketekukan dalam berniaga, membuat usaha Madrawi dan keluarganya mencapai puncak keberhasilan di medio 1950-an, salahsatunya adalah dipercaya oleh Presiden Soekarno (salah satu pelanggan tetap) untuk menjamu para delegasi KAA tahun 1955. Namun setelah mencapai “magnus opus” itu, usaha Madrawi cenderung mengalami kemunduran.

Tahun 1987, ketika Masjid Agung Bandung diperluas, warung Madrawi menjadi salahsatu yang tergusur proyek tersebut. Pemerintah sebenarnya menyediakan uang ganti rugi untuk mereka yang lapaknya tergusur, namun keluarga Madrawi menolaknya. Mereka tahu bahwa tanah tempat mereka usaha bukanlah hak milik mereka, melainkan milik Masjid Agung Bandung yang dulu dipinjamkan oleh Dalem Haji.

***

Dalam usianya yang sudah sangat senja, Fadly Badjuri masih bersemangat menceritakan pengalaman-pengalaman hidupnya maupun keluarga besarnya. Tanah Harapan yang dulu digagas oleh orangtuanya, kini salahsatunya adalah sewujud rumah di Jl. Simpang beserta usaha kecil-kecilan yang dijalankan. Mereka sudah tidak lagi berjualan sate, namun masih menerima pesanan jika ada yang meminta. Salahsatu kakak perempuan Abdul Fatah masih mewarisi resep turun-temurun dari kakeknya.


“Kalo mau tanya-tanya lagi datang aja ke sini ya, da udah tahu sekarang mah tempatnya. Atau kalau mau ngobrol ke Abah Basit (Abdul Basit) juga silahkan aja, bilang aja habis dari Simpang gitu,” tutur Abdul Fatah ketika saya dan dua orang kawan hendak berpamitan. Sementara Fadly Badjuri tengah menyulut lagi kreteknya, entah batang yang ke berapa. [ ]

Foto : Arsip Irfan TP

09 April 2015

Simon Saparakanca

Kang Simon nu nganggo kaos leungeun beureum
Salah sahiji karesep kuring nyaěta maca buku. Ari kuring sok ngarasa leuwih sugema jeung reugreug lamun seug macana buku nu sorangan meunang meuli, lain meunang nginjeum ti perpustakaan atawa ti babaturan. Di Bandung aya hiji tempat nu sok didatangan ku kuring pikeun meuli buku-buku ngeunaan sajarah Bandung, nyaěta nu dagang buku urut di Jl. Cikapundung Barat, gigireun pisan kantor PLN, deukeut Jl. Asia Afrika.

Ku ayana KAA, nu daragang di sabudeureun Jl. Asia Afrika tangtu bakal ditartibkeun ku pamarěntah. Kang Simon, salah sahiji nu dagang buku di dinya basa ku kuring di tanya ngeunaan hal ěta, anjeunna sasauran, “Kuring mah jeung saparakanca nu daragang di dieu ngadakung pamarěntah waě. Sanajan teu dipiwarang ogě tangtos bakal merěkeun maněh. Enya apanan ieu těh hajat gedě nu diayakeun ku nagara urang, nya tangtu urang kudu ngama’lum.”

Lian ti tukang daragang buku urut, di Jl. Cikapundung Barat gě loba nu purah nyieunan plat mobil jeung motor, stěmpel, plakat, jeung sajabana. Měměh Jl. Asia Afrika dibebenah, ěta nu tukang nyarieunan plat jeung stempel těh maruka lapakna rada běh kidul, nu deukeut ka alun-alun. Anyeuna sawarěh lapakna rada ngěsěr ka belah kalěr, ampir ngagunuk deukeut apotěk Cikapundung. Terus manjang nepika jambatan di belah kalěr.

Basa ku kuring ditanyakeun ngeunaan pakaitna antara dagang jeung acara KAA, salah saurang nu sok nyieun plat ngajelaskeun, yěn cenah kungsi aya ědaran di pupuhu kelompok dagang, rěhna dina prakna acara KAA, sakumna nu boga kasab di dinya wayahna kudu perě heula. Iraha anu disebut prakna acara těh? Anjeunna nyebutkeun ti ping 17 nepika 24 April 2015, tapi duka cenah teu acan tangtos, kedah aya gempungan deui pikeun ngobrolkeun iraha ngamimitian perě.

“Tapi sanajan kitu, emang gě tangtu ngama’lum, yěn acara ěta těh rongkah, nya emang saparakanca gě tangtu kudu nyubadanan nu boga hajat. Keunlah teu nanaon perě sababaraha poě mah,” pokna nambahkeun sabari nga-emang-keun maněh.

Sikep nu daragang di Jl. Cikapundung Barat ieu tangtu luyu jeung kahayang pamarěntah. Malah pan geus dicaritakeun, yěn maraněhna geus boga niat nu hadě pikeun ngarojong acara ieu ku jalan rěk merekeun maněh sababaraha poe. [ ]




Foto : Arsip Irfan TP 

03 April 2015

Kim Jong-un Nungguan di Babakan Ciamis


Kurang leuwih geus dua minggu kuring cicing di dieu, teu jauh ti walungan Ci Kapundung nu kiruh jeung bala ku runtah. Urang deui nyebutna Babakan Ciamis. Mun rěk ka jalan gedě kuring kudu leumpang heula sababaraha meter, mangkě brasna ka Jl. Perintis Kemerděkaan, gigireun pisan gedung Indonesia Menggugat. Cenah ěta gedung těh baheulana urut presiden Indonesia nu munggaran basa macakeun plědoi di hareupeun pangadilan Walanda. Kuring reueus ka mantenna, tětěla dina raraga ngalawan kolonialisme, anjeunna mělaan dipiceun jeung dibui.

Di dieu mah mun teu boga motor atawa mobil sorangan, wayahna mun rěk kamamana těh kudu numpak angkot nu di jerona heurin pisan. Mimitina kuring hěmeng, da kakara pisan numpak mobil jiga kieu, di Korěa belah Kalěr—di nagara kuring, angkutan samoděl kieu těh euweuh. Teuing ari di Korěa belah Kidul mah, kuring teu hayang nyaho, nincak taneuhna gě cadu! Haram keur kuring ari kudu kukulintingan di nagara si nurus tunjung mah!

Kuring kasebut arang langka indit-inditan ka nagara batur, nya ka Bandung těh bisa kasebut nyaba nu munggaran. Ti baheula kuring hayang nganjang ka dieu těh, ngan can pareng waě, ma’lum di nagara sorangan sok loba waě uruskeuneun. Tah, kakara anyeuna laksana kahayang těh. Teu nyalahan, tina bucu-baca na internět, enya we Bandung těh geuning ěndah. Alamna ěndah, komo wanojana mah. Nu disebut geulis těh lain bobohongan. Paingan Kang Doel Sumbang kungsi nyieun lagu nu unggelna kieu :

Kulit kelir koněng cangkang cau
Huntuna bodas tipung tarigu
Biwir beureum-beureum jawěr hayam
Panon coklat kopi susu

Apal lagu ěta sotěh pědah tatangga di Babakan Ciamis osok muter. Sorana rada tarik meueusan, jadi sok kareungeu ku kuring. Lila-lila nya lumayan rada apal. Lian ti geulis těh saroměah deuih wanoja di dieu mah, matak betah nenjona. Kungsi harita basa naěk angkot jurusan St. Hall-Ciumbuleuit—basa kuring rěk ka ngawadang di Punclut, aya sababaraha wanoja nu měrě seuri ka kuring sabari naros, “mau pergi ke mana mister?,” duh ěta imutna meni ngagelenyu. Gancang wě ku kuring diwaler, “badě mios ka Punclut, něng.” Maraněhna rareuwaseun, pědah kuring bisa basa Sunda meureun.

Di Punclut kuring manggih kani’mat nu lain lumayan. Enya gě kakara manggih jeung ngasaan jěngkol katut peuteuy, tapi ana pel dina lětah jeung tuluy digayem, kuring geus ngarasa cocog. “Gusti, ngeunah pisan ieu kadaharan těh,” kitu gerentes kuring dina hatě. Ditambah ku sambel tarasi dadakan jeung lauk jambal roti nu dagingna muruhpuy, lain bobohongan kuring kuatka sababarahakali nambah sangu. Si euceu nu jualan mah teu loba catur, jongjon wě ngaladangan sagala paměnta kuring.

Ngan aya hiji nu matak hariwang těh, tětěla di Punclut nu sakitu ěndahna , geus loba pasir nu gundul. Sok paur hiji mangsa beuki loba jalma nu ngabukbak pasir jeung leuweung sabari teu dibarengan ku kanyaah. Apan teu saeutik anyeuna mah jalma těh nu nyarieun hotěl jeung vila di tempat-tempat nu matak ngaganggu sěkě. Atuh balukarna beuki hěsě wě manggaihan cai nu beresih těh.

Ti ka anggangan kuring nempo ka handap, ka dayeuh Bandung. Kota nu baheula urut situ těh anyeuna mah geus kacida gegekna, teu salah ceuk kokolot urang Sunda baheula, yěn Bandung těh cenah baris heurin ku tangtung. Anyeuna geus kabuktian.

***

Enya gě can lila cicing di Bandung těh--pan tadi disebutkeun kakara dua minggu, tapi ampir unggal poě kuring kukurilingan makě angkot mapay-mapay dayeuh Bandung. Dua poě ka tukang kuring ulin ka Jl. Braga jeung Jl. Asia Afrika, sihorěng keur loba nu digawě. Aya nu keur měrěskeun trotoar, aya nu masang lampu, atuh aya ogě nu keur ngecět sababaraha wangunan nu katempona masih tohaga naker.

Tapi mun diilik-ilik, naha ngan trotoar di dua jalan ieu hungkul nu dibebenah těh? Naha ari trotoar nu di Jl. Riau jeung sajabana mah asa teu kaurus? Pědah rěk nyanghareupan konpěrěnsi meureun matak dibebenah gě? Mun seug enya kitu, meureun di Bandung mah mun rěk hajat gedě hungkul ngabebenah jeung mamantes dayeuh těh. Ari ceuk pamanggih kuring mah teu bisa kitu, da nu ngaranna ngabebenah jeung mapantes dayeuh mah kudu unggal waktu, boh ku pamarěntah pon kitu deui ku rahayatna. Ah, mending mengkě tanyakeun langsung wě ka Kang Ĕmil, měh leuwih ěcěs.

Hawar-hawar kuring ngadangu yěn mangkě Pemkot Bandung baris měrě batu ali ka unggal dělěgasi konpěrěnsi, cenah minangka jang kenang-kenangan. Hal ieu meureun pědah batu ali keur ramě pisan, keur pada mikaresep. Da enyaan atuh, basa kuring ngalanto ka Margahayu Raya jeung Jl. Pungkur, eta mah loba jelema keur ngarariung tukang ngasah batu. Kuring bener-bener teu ngarti, palebah mana alusna makě batu ali? Tapi keun waě kětang, meureun ieu nu ngaranna kabeungharan budaya těh.

Ngan aya ogě kahariwang těh, cenah anyeuna nu raresep kana batu ali těh geus ngagalaksak kana situs-situs sajarah titinggal karuhun. Beu, kacida mun seug enya těh. Mun di nagara kuring rahayatna model kieu, meureun teu digaplokan mah hiji-hiji. Punten kasar, kesel atuhda. Piraku jang nedunan karesep nepika rěk ngorbankeun nu leuwih penting; nyaěta bahan atikan sajarah. Tah di dieu pisan kuring rada kurang panuju jeung Pemkot Bandung, hususna Kang Ridwan Kamil, nu badě maparin olěh-olěh batu ali. Sok sieun alatan kieu, nu ngagalaksak kaditu-kadieu bisi ngarasa diběrě angin ku pamarěntah.

Tong hěmeng, kuring nu dina tipi jeung internět mah kawěntar galak jeung sok jamedud waě, sabenerna mah sarua wě siga jelema nu sějěn, boga rasa jeung sikep nu hadě. Najan kuring sok dijejeleh ku nagara deungeun, atuh hususna ku si nurus tunjung jeung balad-baladna, tapi kuring boga kayakinan, yěn masih loba ogě nagara nu sějěn nu masih ngaajěnan ka kuring jeung nagara kuring.

Ari Indoněsia mah tong diomongkeun deui, apanan geus kabuktian, salila dua minggu kukurilingan di Bandung panampian rahayat di dieu mah kacida hadě pisan. Handap asor jeung děpě-děpě ka sěmah těh. Enyaan kuring ngarasa reuseus, tětěla kalimah “soměah hadě ka sěmah” těh lain ngan ukur dina biwir, tapi bener-bener nembrak dina kahirupan sapopoě.

Nyanghareupan Konpěrěnsěnsi Asia Afrika anu baris diayakeun kurang leuwih dua minggu deui, kuring sabenerna geus loba pisan nyieun agěnda piomongeun. Malah geus aya sababaraha lambar catetan ngeunaan sagala rupa pasualan nu aya pakuat-pakaitna jeung kaayaan di wewengkon Asia jeung Afrika kiwari. Ngan hanjakal, sabab kuring geus rada lila nganjang di Bandung, jeung di nagara sorangan bisi aya uruskeuneun atawa karerepet anu ngadadak, kuring can bisa mastikeun milu atawa henteu kana ěta konpěrěnsi těh.

Upama těa mah kuring teu bisa milu, nya kuring ngaraharepkeun pisan sangkan acarana lancar katut bisa ngahasilkeun sababaraha kaputusan anu aya gunana pikeun kahirupan nagara-nagara Asia jeung Afrika hususna, atuh umumna pikeun kahirupan sakuliah dunya. Sabab lebar mun ieu hajat těh ngan ukur sěrěmonial hungkul. Lebar, sabab dina denget ieu loba pisan pasualan nu kudu gancang  diběrěskeun. Ti mimiti pasěa Israěl-Palěstina, transisi pamarěntah di Mesir, perang di Suriah-Irak jeung ISIS-na, tepika pěrang di Yaman; ěta kaběh ngabutuhkeun jalan kaluar anu hadě pikeun kahirupan nu leuwih tingtrim ka hareupna.

Nya sakitu waě, hampura bisa dina prakna acara kuring teu bisa milu. Lain teu hayang, da kumaha deui atuh geuning kieu ari jadi pamingpin mah, teu weleh sibuk ku agěnda. Cag sakitu waě nya, anyeuna kuring rěk balik heula ka Babakan Ciamis, rěk ngopi heula jeung barudak tatangga di kantor kelurahan sabari lalajo PERSIB. Mangga ah! [ ]   
  
Saperti dicaritakeun ka nu nulis ku Kim Jong-Un (Presiděn Korěa Utara)—di rohang imajinasi.  

Foto : Arsip Irfan TP

02 April 2015

Leuleumpangan di Wewengkon Kiaracondong

Megat kareta di stasiun Kircon

“Dulur maněh těh di Bandungna di mana?”

“Di Kiaracondong, di Jl. Lebak”

Jaman SD, ngan samet ěta kanyaho kuring ngeunaan Bandung. Ĕta gě pědah babaturan bogaeun dulur nu cenah nganjrekna di wewengkon Kiaracondong (Kircon). Jadi Kircon těh ěstuning kecap mimiti nu napel dina ingetan kuring, mun seug kabeneran aya nu ngomongkeun Bandung. Ari katompěrnakeun mah, basa kuring kuliah di Bandung belah kalěr--nu asupna ti Jl. Gegerkalong Hilir, nya Kircon těh loba kapopohokeun. Najan enya gě aya babaturan, tapi asa ku horěam rek ulin atawa ngalanto ka běh dinya těh. Lain nanaon, saliwat ge Kircon mah katempona sareukseuk, macět, jeung rarujit deuih. Kungsi hiji mangsa ulin ka Jl. Lebak, leuh da ěta mah di gang těh enyaan heureut pisan, got barau, jeung loba nonoman ditarato nu nalongkrong. Atuh kecap “punten” těh geus jadi kawajiban di dinya mah.

Cenah Mang Ridwan Kamil basa can jadi Walikota kungsi gawě rancagě di wewengkon Cidurian nu masih kěněh asup Kircon, sabilulungan jeung warga nyieun lingkungan jeung walungan jadi beresih. Tapi meureun ngan lelewek ěta hungkul nu genah merenah těh, da basa kamari kuring jeung sababaraha babaturan ngaleut ka Babakansari jeung Kebon Jayanti mah kaayaanna teu pati hěgar. Runtah ting rungkunuk ampir di unggal juru gang, aya ogě nu ngagunuk di deukeut stasiun Kircon.
Tapi cag, urang tunda heula ngeunaan runtah mah, anyeuna kuring rěk nyaritakeun ngeunaan Stasiun Kircon, erěl karěta, Pasar Kircon,  urut jeung pabrik bedil katut pělor.

***

Erel urut dipake parkir beca
Ngaleut těh dimimitianna mah ti stasiun Bandung belah kidul, tegesna nu aya di Jl. Stasiun Barat. Pědah rada langka meureun tarumpak karěta ti belah dinya mah, barudak těh sawarěh mah rada tunyu-tanya sagala. Da měmang anu kawěntar mah stasiun Bandung těh ěta nu di Jl. Kebon Kawung. Sanggeus ngumpul kaběh, nyak bral wě indit make karěta nu ka arah Cicalěngka nu karcisna ngan ukur dua rěbu rupia. Atuhda deukeut, ngan ukur ngaliwatan stasiun Cikudapateuh hungkul, teu lila ti dinya karěta geus nepi deui di stasiun Kircon.

Dina majalah Ujung Galuh kuring kungsi manggihan yěn stasiun Kircon těh cenah ngahaja dijieun ku Walanda pikeun ngangkut urang Jawa nu rěk digawěkeun dina pabrik bedil jeung pělor. Měměh pindah ka Bandung, ěta pabrik těh mimitina mah aya di Ngawi—tapi ceuk sawarěh mah cenah di Surabaya (matak di Kircon aya ngaran Babakan Surabaya), tah ku sabab pabrikna dipindahkeun, nya pagawěna gě kapaksa kudu milu pindah. Matak teu aněh ti baheula gě di Kircon mah geus remen urang Jawa.

Beh dituna deui, ngeunaan urang Jawa nu nganjrek di Kircon bisa dipapay tina carita Ki Jalaludin nu dikirim ku Mataram pikeun ngagempur Walanda di Ujungberung. Tapi basa harita anjeunna diparengkeun ělěh, sanggeus perang anjeunna teu balik deui ka Jawa, malah mah nyieun pakampungan di Ujungberung. Ki jalaludin ku anjeun teras ngagaduhan putra nu jenenganna Ki Malim, tah Ki Malim ieu cenah nu mawa urang Jawa ti lemburna pikeun arindit ka Bandung, jang digawě dina raraga mindahkeun puseur dayeuh ti Dayeuh Kolot ka wewengkon di sabudeureun Jl. Asia Afrika anyeuna. Ki Malim ngantunkeun dina taun 1850, makamna tepi ka anyeuna aya di Kircon.

Saměměh caritana dituluykeun, urang bahas heula saeutik ngeunaan ngaran patempatan. Naha cenah ěta wewengkon těh dingaranan Kiaracondong? Us Tiarsa dina buku Basa Bandung Halimunan kungsi ngajelaskan, kieu unggelna :

Urut erel ka Pindad di hareupeun imah
“Ongkoh anyeuna mah měrě ngaran patempatan těh sasat dialus-alus tepi ka matak hěsě nyebutna. Běda pisan jeung baheula. Ngaran tempat těh asa sahinasna pisan. Kawasna těh sakur nu katěmbong mimiti wě. Pědah aya garduh tukang mariksa jalan, disebut wěh kampung Andir. Nyeueung aya kiara nu doyong, nelah wěh Kiaracondong. Aya dungus nu loba cariangna, disebut wěh Dunguscariang. Lembur nu aya di sabudeureun kabupatěn, pasti ngaranna těh Rěgol. Aya warung handapeun tangkal muncang, nelah wěh Warungmuncang. Lebah patok jalan, disebut wěh Paltilu, Palgenep.”

Tah, kurang leuwih kitu mimitina dingaranan Kircon těh. Tapi nepika anyeuna kuring teu apal lebah mana na ěta tangkal kiara nu doyong těh, da basa kamari leuleumpangan ka dinya mah teu manggihan, teuing geus euweuh meureun ěta tangkal těh. Hanjakal kamari teu nanyakan ka warga di dinya.

Anyeuna urang balik deui. Basa geus turun tina karěta, tuluy kuring jeung babaturan mapay raratan erěl urut nu manjang tepi ka PINDAD (pabrik bedil jeung těng waja anyeuna mah). Eta erěl těh cenah dijieun pikeun ngangkut sagala rupa kaperluan nu dibutuhkeun ku PINDAD. Teuing ti iraha dijieunna, ngan nu pasti kira taun 60-an ěta erěl těh geus aya.

Ngaran PINDAD sorangan sabenerna kaasup anyar, da baheula mah keur jawan Walanda ngaran ěta pabrik tě nyaěta ACW (Artillerie Construstie Winkel)—matak pabeulit lětah!, tuluy basa Indonesia geus merděka, dina taun 50-an ěta pabrik těh dinasionalisasi, ngaranna diganti jadi PSM (Pabrik Senjata dan Munisi). Tuluy katompěrnakeun diganti deui ngarannna jadi PINDAD (Pabrik Industri Angkatan Darat).

Erěl urut nu baheula jang ngangkut kaperluan pabrik anyeuna geus loba katutupan ku imah, garduh pos, warung, jeung sajabana. Atuhda lebah erěl těh anyeuna mah geus gegek pisan. Ceuk babaturan nu kabeneran maněhna ngiluan komunitas Railfan, cenah ěta taneuh nu dipakě erěl těh nu bogana mah PT. KAI, ngan teuing kunaon kalahka diparakě imah ku warga. Teu mustahil hiji mangsa mah lamun seug PT. KAI rěk makě ěta taneuh, tangtu baris aya kaributan jeung warga. Geus loba contona soalna kajadian kieu mah. Atuh aya ogě babaturan nu sejěn nu nyarita, yěn basa maněhna mapay erěl urut ka Sorěang jeung Ciwiděy, loba warga nu makě taneuh erěl nu tunya-tanya ka maněhna, jeung paromanna  bangun nu pati teu percaya, cenah bisi jelema PT. KAI nu rěk “ngusir” warga.

Kukucuprakan deukeut Bale Yasa
PINDAD sorangan mun katempo ti luar mah teu pati hěgar. Pager jeung garduh tentara geus loba nu lumutan. Naha cenah aya tentara sagala? Enya pan ěta těh pabrik bedil jeung těng waja anu aya patalina jeung pancěn nu jadi kawajiban tentera, nyaěta widang pertahanan. Basa kuring moto urut erěl nu deukeut panto pabrik, katempo aya dua urang tentara nu keur noong tina garduh, teuteupna ceuceub pisan, siga nu curiga tur waspada.

Bedil jeung těng waja ti pabrik ieu geus kakoncara tepika nagara deungeun. Jadi lain ngan sauukur nedunan kabutuh nagara sorangan. Hal ieu sakuduna bisa nyieun PINDAD jeung sabudeureuna bebenah, sangkan ieu pabrik anu geus kakoncarana těh němbongkeun kawibawaan. Tapi kanyaataanna sakumaha nu dipikanyaho ku urang sarěrěa, sabudeureun PINDAD hususna jeung Kircon umumna, masih kěněh loba lelewek nu kudu diropěa, contona waě pasar.

Ampir kaběh urang Bandung geus pada apal yěn Pasar Kircon nu handapan fly ověr těh tempatna rujit, barau, awut-awutan, pating solěngkrah, sarta macět. Angkot jeung běca loba pisan nu cicing di tengah jalan dina raraga nungguan panumpang nu baralik ti pasar, ditambah ku ayana erěl karěta nu motong jalan. Atuh hal ieu pisan nu ngajadikeun macět těh. Najan di gigireun pasar aya kantor pulisi, tapi angger we kayaan jalan mah matak sareukseuk panon jeung hatě. Komo lamun seug ditambahan ku hujan nu tuluy banjir mah, tangtu nu laleumpang jeung tarumpak kandaaran horěameun pisan ngaliwat ka běh dinya těh.

Belah kalěreun pasar, sebrangeun gapura stasiun Kircon, aya hiji taneuh kosong anu barala ku rungkun eurih, borang, babadotan, jeung tatangkalan nu sějěnna. Cileuncang nyalangkrung dina taneuh jeung jukut. Lebah dinya loba dipakě ku jelema nu teu barogaeun imah atawa nu katelah tuna wisma. Atuh trotoar gigireunna gě pinuh ku nu daragang; kayaning nu dagang hayam, VCD bajakan, jeung sajabana.

Di dinya aya hiji tugu nu tulisanna “Balai Yasa Jembatan KA I”. Di gigireunna aya sababaraha jambatan karěta nu katempona masih tohaga. Běh ditueun taneuh kosong těa (ka belah kulon) katempo aya wangunan gedě siga pabrik. Ĕta wangunna těh nyaěta nu ngaranna Balai Yasa; hiji lembaga nu kapapancěnan nyieun jambatan karěta api. Di wewengkon ěta aya deui erěl urut nu baheulana dipakě jang ngangkut sagala kaperluan Balai Yasa ti stasiun Kircon.

***


Tukang sol sapatu
Tina leuleumpangan ěta, ceuk pamanggih kuring mah Kircon těh kudu leuwih giat diropěa, boh ku pamarěntah pon kitu deui ku wargana sorangan. Hal ieu alatan masih kěněh loba hal anu teu parok jeung kaěndahan, katartiban, tur kaamanan. Ulah pědah lantaran Kircon mah ayana rada anggang jeung běh wětan ti puseur dayeuh, nu ngajadikeun kapopohokeun. Pamarěntah kota kudu leuwih merhatikeun Bandung kidul, ulah ngan saukur ulukutek di belah kalěr. Contona baě taman, susukan, trotoar, jeung pasar di Kircon kudu ditarěkahan sabisa-bisa sangkan kahirupan warga bisa leuwih merenah. Cag! [ ]

Mudik dan Hal-hal yang Tak Selesai