18 October 2013

Sambel Jaér

Barudak lembur mah pasti arapaleun, mun datang bulan puasa téh maranéhna sok rajeun ngabuburit sabari ngurek di sisi sawah. Majarkeun téh améh puasana teu karasa lapar ceunah, da poho bakating ku resep silih bedol jeung tanaga belut nu caricing dina liang, di handapeun galengan. Bulan puasa di lembur mah tétéla béda pisan karasana jeung di kota, di lembur mah aya wé kaulinan téh : galasin, sorodot gaplok, sondah, boy-boyan, nyundut lodong, maribaya, bébénténgan, dar paéh, dér adidér, congklak, jeung sajabana. Kitu oge kétang baheula, mangsa kuring keur budak kénéh, da ari anyeuna mah sarua baé, di lembur gé geus aya PS, VCD, DVD, listrik geus hurung beurang-peuting, jeung sajabana. Barudak téh anyeuna mah loba caricing di imah, maraén gim atawa lalajo pilem. Jaman téh tétéla geus robah, geus loba nu poho kana kaulinan budak baheula.

Buku “Sambel Jaér” nu dikarang ku sadérék Asep Ruhimat (urang Tasik), nyaritakeun kaolahan, palakiah, tali paranti, pantangan, jeung kakantun para karuhun anu sanésna. Kuring meulina di Gramedia nu di jalan Merdéka téa geuning. Harita kuring leumpang sorangan sabari nyorén tas kucel, wanci geus soré, jalan beuki ramé ku nu daragang, nalalongkrong, atawa barobogohan. Sora angkot meni ting garerung sabari ngetém di jalan Purnawarman dan nungguan panumpang anu rék baralik ka imahna séwang-séwangan. Teu kungsi lila, kuring abus ka éta toko buku, kukurilingan bari macaan buku nu alalanyar. Ah, tapi euweuh nu ramé. Terus kuring leumpang ka rak buku-buku bahasa nu aya di juru, tah buku Sambel Jaér ieu ayana di bagéan handap, sabari teu loba, mun teu salah mah ngan aya genep siki. Hargina ngan ukur dua welas rebu. Jiga euweuh nu meuli, da bukuna téh teu katempo aya tapak jelema nu ngadon maca. Karunya teuing buku nu make basa Sunda, jelema nu daratang téh jiga nu teu warawuh ka manéhna.

Ari anyeuna aya kénéh nu sok ngulub gelas?, nyieun sambel jaér?, ngalungkeun huntu nu punglak ka luhureun kenténg?, nyieun tutug oncom?, nyambel hiris?, mun nyeri beuteung mésakan batu?, mun isukan rék bulan puasa marandi di balong sabari kuramas?, mun rék disunatan kudu ngeueum heula améh ba’al?. Jigana tos rada langka mendakan nu kararitu?. Tah buku ieu téh minangka panggeuing, yén kakantun para karuhun téh geus loba nu dipopohokeun, geus loba nu apilain ka warisan kolot sorangan. Cag, mangga urang lenyepan anyeuna mah, naha enya urang téh nyaah kana kabudayaan bangsa sorangan?. Naha enya urang téh geus ngamumulé kana kakantun aki-nini?.

Mangga dulur-dulur, abdi moal seueur catur. Tos sonten yeuh, padamelan seueur kénéh. Bilih hoyong maca mah cobi wéh ameng ka toko buku, insyaAlloh aya kénéh.[ ]

No comments:

Kang Ajip Sakolébatan…